Kamis, 24 Oktober 2019

NGAHYANGNA PAJAJARAN DALAM CARITA PANTUN BOGOR

Pun ! Sapun !
Ka Pupuntjlak Agung Pamundjung
Anu Agung Sang Rumuhun
Hiyang Guru Agung Pangruhum
Anu Nunggal di Kalanggengan
Anu Langgeung dina Nunggalna
Anu Ngabogaan Sakabeh Alam
Anu Ngabogaan Sakabeh Jagat
Paralun ! Sapun !
Ka sakur anu diluhur
Ka Guru Hiyang Nunggal
Ka Dewa njangking Kawening
Ka Dewa ngagem Wewenang
Ka Dewa nunggal Kawasa
Ka sakabeh
Nu kumelip, nu arusik, nu ngawararuga
Dina wudjud sewing-sewangan
Nu ngagelar, nu ngarumpay
Nu narangtung, nu ngagantung
Nu ngagulung, nu narangkub
Nu nangkarak, ku ngarambat
Ka sakabeh
Nu kadeuleu teu karasa
Nu kaambeu teu kadeuleu
Teu kadeuleu tapi aya ….
Ka sakabeh
Nu ngaredag, nu lumampah
Harirup djadi pangeusi
Njaritjingna djagat ieu, alam ieu
Paralun
Sabab kaula eundeuk njatur
Nyatur pantun nu buhun
Handeuleum tunda karuhun
Hanjuaneun anu marapay …. !

Paralun
Matak kaula ku sabab Padjadjaran dijieun carita Tapi disilok ku anu sarieun
Dipajarkeun mumuja Dewa jeung direka dirarobah
Dijarijieun-jieun ka nu gariruk …. !
Jeung ku sabab kaula njaho
Engke jaga baris datang deui jelema
Loba menak loba pangkat
Harayang diaraku deui rawayan ti Padjadjaran

Paralun …. Paralun !
Jin Iblis Setan markayangan
Ipri Onom Dedemit jeung jurig nyiliwuri !
Rampes nun ! Lalinggih !
Ulah arobah tina sila
Ulah arusik tina calik !
Bandungan dina jajaran
Jajaran darekan karuhun
Sabab kaula Endek jajararkeun carita
Click ti baheula Pajajaran
Ngajajarkeun jeujeur sajati
Nu asalna kain beunang ngareka-reka
Tapi digelarkeun ku karuhun
Kana hate nu rancage
Hate saha ? Hate Sunda
Nu sundana dina dani
Nu danina dina hirup
Nu hirupna sagala samar
Nu samarna ngalaman deui
Ngalaman jaman cara baheula
Boga Raja henteu sulaya

Paralun !
Bandungan !
Urang kocapkeun !
Kocapkeun !
Di nagara Pajajaran
Lain Pajajaran nu kiwari !
Pajajaran ge anu baheula !
Nu jadi Raja ?
Gagah sakti kaliwat saking
Nya Dia anu ngarana Prabu Siliwangi
Ari anakna ? Lobana tilu kali salawe
Da boangan biangna geh
Saratus punjul satengah !

Tunda !
Urang nyaritakeun hiji anak inyana
Nu sakti ngala ka aki
Nu gagah ngala ka bapa
Ari ngarana ?
Ki Hiyang Santang Aria Cakrabuana !
Euweuh pantar euweuh tanding !
Nyarita inyana ka si Lengser
Uwa uwa !
Ngaing teh ayeuna mah
Ckup elmu jeung pangaweruh !
Tapi hate ngaing heunteu betah jasa !
Sabab geus lila euweuh teunggeulaneun
Geus lila euweuh sepakeun
Euweuh sanagara
Euweuh musuh ngajak rusuh !
Kumaha lawan teh ngan tinggal sia bae uwa ?
Kumaha amun ngaing nyaba jauh
Nyiar lawan di nagara deungeun ?

Ceuk si Lengser
Ulah aden ulah !
Ceuk ki Santang
Ku nahaeun diulah-ulah ?
Ceuk si Lengser
Sabab amun aden miang ka buana luar
Ka nagara nyabrang lautan
Engke di mana aden mulang
Pajajaran teh ngan kari ngaran !
Tapi dasar peuteukeuh teu beunang diulah-ulah
Nya miang inyana ka nagara sabrang lautan !

Paralun
Keun Ki Santang sina nybrang !
Kocapkeun ayeuna di karaton !
Karaton mana ?
Karaton Pajajaran
Karaton Pajajaran ge nu baheula !
Nu kiwari geus euweuh urut-urutna acan !
Datang cenah hiji utusan mawa surat tilu gembolan !

Ceuk Raja
Lengser !
Ceuk si Lengser
Ke heula !
Ceuk Raja
Kunahaeun make ke heula ?
Ceuk si Lengser
Bisi tutung !
Pais bakatul
Deuk nyuguhan semah !
Ceuk Raja
Heu’euh
Bisi tutung !
Balikeun
Laju dia ka dieu
Pariksa ku dia eta utusan !
Ceuk si Lengser
Wah !
Teu kudu dipariksa deui
Kula mah nenjo jelema
Sarua jeung neuleu manggis !
Nyaho ti cupat nyaho di eusi
Irung kitu mah
Geus tangtu moal nyalahan deui
Di cicingna sagede lelejing
Di motahna bisa sagede honje
Panjangna bisa sa asta leuwih !
Ceuk Raja
Lain jelema !
Suratna ku dia pariksa
Laju si Lengser mariksa surat
Lobana tilu gembolan !
Mariksa …
Mariksa …
Lilana
Tilo poe tilu peuting ! Awahing ku tunduh jeung loba teuing surat nu dipariksa
Si Lengser jadi nundutan
Nundutan bari ngelay !
Lay lay
Laaaaaaaaay !
Lay keuna surat
Lay keuna baju
Lay keuna mata ucing
Nu ngaringkuk dina tumpukan surat !
Laaaay…lay…lay…laaaaaaaaay !

Teuing ! Da kula mah span teu bisa maca ! Ceuk si Lengser
Kadieukeun !
Tah eta, nu aya gambaran bentang eujeung bulan ! Gorolang Raja maca surat. Maca barian edeg, da ngarana ge Raja !
Buncelik ! Molotot ……
Mani sagede-gede kenong
Da ngarana ge mata Raja !
Ceuk Raja
E eh, e eh !
Ngomongna bari tetenjrag
Tetenjrag datang ka eundeur
Brong breng brang
Sora ti dapur
Tetenong ragag ti pago
Da ngarana ge tetenjrag Raja !
Ceuk Raja
Lengser !
Ceuk si Lengser
Sumuhun dawuh !
Ngomongna barian nyembah
Ngan nyembahna bari peureum !
Awahing ku tunduh !
Ceuk raja bari tetenjrag
Brong bring brang sora ti dapur
Bareok pago rungkad hau….
Da ngarana geh tetenjrag Raja !
Ceuk Raja
Lengser !
Ieu surat dijempolan ku Raja sebrang kulon ! Geuning bet ngajak rusuh !
Ceuk si Lengser
Babetkeun baeee ! Maenja Raja eleh ku surat !
Si Lengser ngomong bari nymbah
Nyembah barian tukusruk awahing ku tunduh
Deuleu !
Ceuk Raja bari tetenjrag
Borobot dapurna runtuh !
Da ngarana ge tetenjrag Raja !
Deuleu !
Ceuk dina surat ngaing kudu disundatan ! Mun teu nurut
Pajajaran baris dipagang
Ceuk si Lengser
Ulah Gusti ! Ulah daek disundatan !
Bisi disapatkeun ! Kara ngajak perang mah lawan baeeeeeee…..!
Si Lengser ngomongna bari nyembah, nyembahna bari ngaringkuk awahing ku tunduh
Ambek Raja kabina-bina
Matana mani molotot
Molotot bubuncelikan
Cara keuyeup ngadeuleu keukeuk !
Raja tetenjrag deui
Nenjrag deui, nenjrag deui !
Mani eundeur sanagara
Da ngarana ge tetenjrag Raja ieuh !
Pating dorokdok balandongan
Pating bareok lawang saketeng !
Awahing ku tunduh !
Lengser !
Ceuk Raja bari tetenjreg deui
Borobot
Bareok
Dorokdok
Hag siah,…….
Beak tah ayeuna mah ka imah mitoha-mitohana !
Nya endek dikumahakeun ?
Da ngarana ge tetenjreg Raja !

Lajeng
Ceuk Raja
Lengser ! Ngaing teu kudu nurut ! Hayoh takol bende ! Kumpulkeun sakabeh balad urang layanan anu nantang !
Korejat
Si Lengser ngorejat barian heuay
Heuayna bari nguliat kuliatna sabari peureum awahing ku tunduh
Korejat torolong……. Si Lengser ngajol ti kolong bale. Karep injana deuk nabeuh bende, lumpatna sabari peureum…… Awahing ku tunduh ! Dar der dor tarang tidagor
Barenjol sagede jengkol
Baruk pager diteumbrag
Berewek jamangna soek !
Tapi si Lengser lumpat terus
Bongan parenta Raja
Dikudukeun nabeuh bende
Nya lumpat
Lumpat ka saung bende
Ngan lumpatna sabari peureum
Awahing ku tunduh !
Nya karuhan
Mimiti anu kadupak
Nini-nini deuk ngisikan
Laju
Aki-aki deuk ka cai
Mani kababayan !
Laju ngadupak deui
Saung lisung pipir imah
Bareok borobot gubrag !
Rubuh saung lisungna !
Heu !
Gubrag !
Si Lengser kaurugan saung !
Korejat !
Torolong
Si Lengser lumpat deui
Lumpatna nyunyuhun hateup
Lain hiji hateup, dua hateup
Tapi hateup sasaungeun !
Si Lengser lumpat
Lumpat lumpat !
Lumpatna sabari peureum
Nya karuhan ngadupak deui !
Mimiti tukang ngurut
Balik ngurut nu kalingsir
Laju tukang endul
Nyuhun tutut deuk ka pasar
Laju tukang tampayan datang
Ngan kari hiji anu weuteuh buleudna !
Nyaeta beuteung tukang tampayan !
Ngan dosol……..!
Si Lengser lumpat terus
Lumpatna lumpat dines
Nu ngajagang ditaranjang
Nu ngajentul disurudug
Anu malang tangtu diteunggar !
Da keur lumpat dines !
Lumpat dines mah sejen deui
Heunteu jara lumpat biasa lumpatna oge mudu sabari tanggah da ngarana ge lumpat dines
Ari sabari peureum geh, teu matak nahaeun
Sabari peureum geh meunang
Asal gagah bari tanggah beee !
Jeung teu meunang luak-lieuk komo sumpang-simpang mah !
Mun aya nu ngahalangan ?
Mun aya nu ngagolan ?
Amun munding ? Ancur ditampiling
Amun badak ? Bakal ucutan kabeh tulang-tulangna
Amun jelema ? Tanggung ngan kari ngaran !
Kumaha amun imah ? Nya njooooooompor ka kolongna ……!
Tapi danadjan lumpat na lumpat dines oge
Ari sabari peuereum mah
Nya heunteu ka deuleu ku si Lengser
Aya regang ngajagang tengah jalan
Laju ngait kana samping si Lengser !
Reg !
Rendeg !
Samping si Lengser ngait kana regang !
Tapi lantaran keur lumpat dines
Injana heunteu meunang eureun
Si Lengser lumpat dines
Lumpat bari ngabedol samping
Tapi samping
Ngait pageuh kana regang
Ari regang ?
Ngait deui kana rujuk !
Nya atuh kajadianana
Bolonyon beee si Lengser lesot tina samping
Cara kumang tinggaleun imah !
Injana lumpat terus
Lumpatna bobongkokan !
Sabana ?
Kadjeun teuing ti tukang mah,
Asal ulah tembong nu ti hareup beee…….!
Nya karuha !
Ting ceukeukeuk nu nareuleu
Ear budak ararempak
Ting cikikik nini-nini
Rame budak pada surak
Nareuleu burut si Lengser
Mani herang cara berenuk !
Si Lengser lumpat terus ….
Eureun-eureun soteh
Inyana narajang tangkal jambe
Mani nileup !
Lain tangkal jambe nu nilep
Tapi si Lengser !
Nilepna tilu tilepan !
Tapi heran bolor inyana mah peureum terus !
Nya atuh dek dikumahakeun ari tunduh keneh mah !
Laju inyana rumpu-rumpa
Nya aya anu karampa ….
Karampa gugulantungan
Pikir si Lengser bende leutik !
Kajeun leutik ge
Asal bende ….. !
Laju ditakol !
Aeh aeh ceuk inyana
Bet bende ngaberele ?
Ari bray teh mata inyana dibeuntakeun
Mani ngabuncelik
Ceuk si Lengser bari gigisik
Singaing-singaing !
Lain bende geuning kanjut badot ki lebe !
Bende mah euweuh
Mending ge ku lisung !
Laju nitah ngumpulkeun lisung
Saban lembur tujuh lisung
Laju si Lengser nitir nitir ! Nitir !
Nitir teu eureun-eureun
Dua poe jeung sapeuting !
Eureun-eureun soteh
Geus euweuhan tabeuheun
Ancur lisung jadi suluh
Ledis ka gaganden-gagandenna !
Laju inyana culak-cileuk
Sugan mitoha inyana aya deukeut….
Teunggeuleun………..!

Tidinya Si Lengser ngadeuheus ka Raja
Leumpang na bari ngagegeng
Budjurna songgeng ka kenca
Cangkengna bengkok ka kenca
Taktakna dengdek ka kenca
Leungeuna kengkong ka kenca
Jeung mata teleng ka kenca
Urut nitir beurang peuting
Ceuk Raja
Kumaha Lengser ?
Beres ?
Ceuk si Lengser
Beres !
Kitu lah lilana satengah bulan mah
Di salikur lembur bakal mahal beas !
Ceuk Raja
Baruk mahal beas ?
Ceuk si Lengser
Sabab euweuh nu narutu
Lisungna ledis kabeh dipake nitir !
Ceuk Raja
Ngaing teu nguruskeun beas
Najan oge urusan perang !
Ceuk si Lengser
Komo eta mah !
Leuwih ti beres !
Samemeh nitir oge
Balad geus taratonjolan
Hayang paheula-heula perang !
Ceuk Raja
Hade ari kitu mah !
Urang papag nu deuk ngarugrug !
Tapi
Teu hade mun perang di djero dayeuh !
Sabab montong teuing elehna
Najan di unggulna ge
Loba banda kari urutna !
Nya eta kaluluh ti waktu tarung
Hade urang nyabrang
Perang di tegalan anu lega !
bari nanggoan pindah alam !

kocapkeun balad Banten
nu ngarugrugna
bari naggoan balad ti wetan !
balad Banten ting araleut
ngaleutna barian surak !
dipapag ku Si Lengser !
dipapag ku balad Si Lengser !
burubul musuh ti kaler
dipapag ku balad Si Lengser !
burubul musuh ti kudul
eudeuk nyabrang ti pinanggading
eta mah dipapag na
ku Ki Raden Bagus Setra
nu dibantu ku Rakean incu Si Lengser
der perang perang, batur, perang deui !
perangna rosa jasa !
kadeuleu ku Si Lengser aya nu ngaringkang
jangkung kuru, kulit hideung
kawahuan ku Si Lengser
tina tapak luah dina jubah inyana !
Ceu pikir Si Lengser :
tuh inyana si Langkawarah !
nu ti heula ngabedol kanjut !
ti heula sia make sorban
ayeuna sia make kopeah beureum
jiga petasan kari nyunut
tapi ngaing moal pangling !
der perang !
Si Lengser jeung nu jangkung kuru
Perangna rosa jasa
Silih cabok, silih takol
Silih sered, silih gegel
Silih kadek, silih nyekek
Silih rawel nu dibunian !
Perang, perang !
Perang sakuriling bungking !
Ngan Raja urang masih keneh keur ngawurkeun !
Perang, batur, perang !
Si Lengser perang na rosa !
Datang ka wayah serangenge nyorot manceran !
Ceuk nu jangkung hideung :
Ke, eureun heula !
Ceuk Si Lengser :
Kunaha eureun heula ?
Ceuk nu jangkung hideung :
Ayeuna wayah lohor !
Ngaing mudu salat heula !
Ceuk Si Lengser :
Jor !
Laju nu jangkung hideung teh salat lohor
Ari Si Lengser ?
Inyana mah mumuluk heula
Mani beak tilu boboko !
Anggeus salat, anggeus mumuluk
Der perang deui !
Ceuk nu jangkung hideung :
Wani ?
Ceuk Si Lengser :
Wani !
Der galungan deui
Jiga munding digulung lutung !
Perang rada lilaan
Datang ka wayah sarangenge dengdek ka kulon
Ceuk nu jangkung hideung :
Ke, eureun heula !
Ceuk Si Lengser :
Ku naha eureun heula ?
Ceuk nu jangkung hideung :
Ayeuna wayah asar !
Ngaing mudu salat heula !
Ceuk Si Lengser :
Jor !
Nu jangkung hideung laju salat asar
Ari Si Lengser ?
Inyana mah ngagidig ka sisi susukan
Ngawelu, mani tujuh tumpukan !
Anggeus nu salat, anggeus nu ngawelu
Laju pahareup – hareup
Pahogor-hogor cara kunyuk !
Ceuk nu jangkung hideung :
Wani ?
Ceuk Si Lengser :
Puguuuuuh !
Nya der perang deui !
Perang na leuwih rosa !
Silih banting, silih tampiling !
Silih gorogot punduk ku hunteu !
Datang ka wayah sarengenge eudeuk surup !
Ceuk nu jangkung hideung :
Ke, eureun heula !
Ceuk Si Lengser :
Eureun deui ?
Ceuk nu jangkung hideung :
Heu’euh !
Ayeuna geus wayah magrib
Ngaing deuk salat heula !
Ceuk Si Lengser :
Los !
Ongkoh meujeuhna sanekala
Bisi katonjok jurig !
Nu jangkung hideung laju salat
Si Lengser laju sila tutug
Sila tutug mencetan bitis !
Ari lilana ?
Gigireun anu keur salat !
Saha nu nyaho perang dijaman baheula ?
Perang jaman baheula mah teu cara perang jaman kiwari !
Ceuk nu jangkung hideung :
Wani ?
Ceuk Si Lengser :
Keneh !
Nya der perang deui !
Ngan perangna heunteu lila
Sabab matapoe anggeus surup
Geus teu puguh deudeuleuan !
Ceuk nu jangkung hideung :
Ke eureun heula !
Ceuk Si Lengser :
Teu dek !
Ma enya aya perang eureun-eureunan ?
Pamali nyong
Mantak panjang teuing lalakon !
Ceuk nu jangkung hideung bari tulak cangkeng :
Najan perang oge
Ari aturan agama mah
Ayeuna geus wayah isa
Ngaing kudu salat !
Ceuk Si Lengser bari tulak cangkeng :
Sia, perang teh pikeun Agama ?
Dewek ogeh perang teu pikeun Agama !
Ceuk nu jangkung hideung :
Mantakna ge !
Ceuk Si Lengser bari mundelik :
Salat mah urusan Agama,
Perang mah urusan Nagara
Perang sia ngan urusan Agama
Tapi perang dewek
Pieun Agama jeung Nagara !
Ceuk nu jangkung hideung :
Hade ngaing teu meunang salat !
Tapi perangna kudu eureun heula
Urang tuluykeun isukan bae !
Ceuk Si Lengser bari tutunjuk :
Ku naha kudu isukan bae ?
Ceuk nu jangkung hideung :
Geus poek jasa !
Geus teu kadeuleu !
Ceuk Si Lengser :
Damaran !
Laju nyieun obor !
Ari Si Lengser mah
Oborna teh diselapan cabe rawit
Lobana setengah kaneron !
Atuh barang geus disundut teh
Nu diengkung hideung
Bolor injana mani peuriheun
Jeung laju kabesekan terus !
Der perang deui
Perangna mawa obor
Saling sundut saling puput
Saling sundut kana kanjut !
Lajuna mah
Nu hideung teh kawalahan
Lain kawalahan perang na
Tapi kawalahan ku gigisik
Kabesekan jeung ngolol leho
Jeung teu eureun-eureun sisidueun !
Barang keur kabesekan deui
Laju inyana ditubruk ku Si Lengser
Laju ditileupkeun
Digulung ku jubah nu inyana keneh
Digubed didjieun buntelan
Dipangkekna nya ku tasbe !
Ceuk Si Lengser bari nyerengeh :
Hag, siah !
Montong teuin salat subuh, salat isa geh
Moal sia bisa di Pajajaran !
Laju buntelan dibalangkeun !
Tapi lantaran Si Lengser
Geus meh beak tanaga
Nya buntelan teh
Muragna heunteu sabaraha jauh !
Muragna di gunung Sinalang kiwari !
Ngagulutuk nyangsang di lebak !
Nya jadi sasakala engkena
Di suku eta gunung loba cawene
Nu ku bapa arinyana
Dilakiankeun ka semah marake jubah !
Si Lengser laju ngingkig
Ngagidig ka sisi Sipatahunan !
Ngagidik sabari keupat
Keupatna keupat nu gagah
Iket nyampay dina taktak
Cara jawara meunang perkara !
Ceuk Si Lengser :
Mantak ge ari urusan Agama
Dijieun lulugu
Pikeun ngurus nagara teh
Tah sok kitu jadina
Cara si hideung tadi !
Agama mantak cambal
Engkena jadi kawalat !
Nagara teu matak beres
Engkena jadi pajeujeut !
Urusan Agama jeung urusan Nagara
Teu meunang dicampur aduk
Hadean mah direndengkeun
Tapi ulah patumpang-tumpang
Mun Nagara geus pajeujeut
Ulah Agama dijieun gagaman
Pikeun ngabereskeun nu pabeulit
Tapi
Mun nu pabeulit hayang leungit
Nu pajeujeut hayang udar
Nu dijieun gagaman teh ulah Agama
Tapi
Gagaman anu gede
Takolkeun ka anu arumangkeuh
Ari kuring bisa ngaheuyeuk Nagara !
Si Lengser ngagidig terus
Ngagidig na gancang teuin !
Laju we inyana tikudewat kana areuy ………
Gabut !
Gorolong bae injana ka landeuhkeun,
Ka lebahan Raja anu keur ngawur !
Urang kocapkeun sisi leuwi Sipatahunan
Raja urang keur ngawurkeun
Awurkeunana saeutik deui
Barang dek ngawurkeun deui
Kadeuleu ku injana
Sisi leuwi sabrang wetan
Dina luhur tangkal jati
Aya nu keur ngintip ….
Ceuk Raja :
E eh aya manusa !
Gorobas
Gubrag !
Gorolong jiga kadu murag asak
Reg,
Eureun hareupeun Raja
Rorowesan jiga peusing !
Ceuk nu jiga peusing :
Lain Gusti !
Ieu mah Si Lengser, nun !
Mantas micrun buntelan !
Ceuk Raja :
Ngaing geus nyaho dia lain manusa !
Dia teh Si Lengser
Tapi itu tuh !
Di sabrang wetan aya nu ngintip
Urang jieun lutung bae kituh ?
Ceuk Si Lengser :
Ulah Gusti ulah !
Sabab lutung mah aya kokodna !
Inyana tangtu geus neuleu
Engke di mana urang geus euweuh
Tangtu inyana uyap-ayap
Ngemukan di ieu leuwi
Keun kumaha kula bae
Gusti mah geura ka tonggoh
Tuh, musuh geus nanjakeun Gusti !
Laju Si Lengser nyokot popongkol hoe
Gedena sagede cangkeng banteng !
Laju dipalengpengkeun !
Keuna ka nu keur ngintip
Palebah beungeut inyana pisan !
Beletak !
Gayabag !
Nu dipelengpeng salin rupa
Injana jadi kalong !
Tah eta sabab-sababna
Matak neupi kiwari Kalong teh
Jeding bungusna !
Ceuk Si Lengser :
Bongan sorangan
Neuleukeun lain deuleun sia !
Tapi najan geus kadeuleu
Sungut sia moal bisa nyarita
Kokod sia moal bisa nyokot !
Ayeuna sia jadi kalong
Tetep enggon sia dina tangkal !
Engeke di mangsa nu bakal kasorang
Sia bisa jadi jelema deui
Tapi engke !
Amun ieu Nagara jadi sampalan
Sisi leuwi ngadeg lembur
Wetaneun kandang kebo bule
Tah di eta lembur
Sia bakal ngarunyakeun deui turunan
Tapi tingkah laku inyana
Heunteu beda tina kalong !
Malah engke deui
Bakal aya turunan sia !
Nu ngarana oge Si kalong !
Laku lampah injana
Heunte beda tina kalong !
Ah eta sabab sababna nepi ka kiwari di kebon gede hutan samida loba bae kalong !
Urang tunda deui !

Urang kocapkeun Raja urang !
Inyana unggah ka tonggoh
Laju nyabrang der perang !
Rosa jasa
Leuwih rosa ti nu ti heula !
Raja urang perang ngaganda !
Inyana dihurup ku : Kai Cakra,
Kai Jaya, Kai Asep, Kai Tubagus, Jeung dua bengkong Uwah mahmud
Uwah bakar !
Tapi Raja Sunda heunteu keder
Beuki loba nu ngahurup
Meni rosa perangna Raja urang !
Datang ka eta genep jawara kulon jeung wetan
Perangna mani enggeh-enggehan !
Ting gulilap kolepat pedang
Ting jeleger sora tampiling
Ting jalegur sora paneunggelan !
Matak torek
Ngadenge sora nu ngareuhak !
Tunda heula !
Keun sina perang bari ngareuhak !

Ayeuna urang kocapkeun
Anu keur ngalanglang buana
Saha ? Nya eta
Sanghiyang Santang Aria Cakrabuana
Nu gagah jeung kasep tea !
Ti Pajajaran inyana lologanti ngaran jadi
Guriang Setra !
Mimitina nindakna ka Udjung Kulon
Laju nyabrang lautan
Unggah di sabrang kulon
Di nu kiwari disebut tanah Lampung !
Laju Ki Santang nanya ka urang lampung :
Saha tah jagona di dieu ?
Ceuk urang lampung :
Di dieu mah teu boga jago !
Sabab jagona aya di sabrang
Di Nagara Pajajaran !
Ceuk Ki Santang :
Naon sababna ?
Ceuk urang Lampung :
Urang dieu teh
Baraya ka urang Pajajaran !
Ceuk Ki Santang :
Kumaha mimitina ?
Ceuk urang Lampung :
Raja Pajajaran ewean ka urang dieu,
Ka nyai Putri Gambir Sari !
Ceuk Ki Santang :
Mun bener baraya,
Saha jagona di Pajajaran ?
Ceuk urang lampung :
Jago Pajajaran aya dua
Nu kolot jeung nu ngora !
Nu kolot ngarana Embah Lengser !
Ceuk Ki Santang :
Anu ngora ?
Ceuk urang lampung :
Si Raden
Si kasep Aria Pajajaran
Disarebutna Ki Hiyang Santang !
Ki Santang ngenah jasa angeun
Laju mere bako ka nu ditanya
Laju nindak deui

Nindak Nindak
Mingkin lila beuki djauh !
Nya andjog ka hiji dayeuh gede
Leuwi gede manan Ciliwung !
Ceuk Ki Santang ka urang dinya :
Ngaran ieu Nagara ?
Ceuk nu ditanya :
Paliman !
Ceuk Ki Santang :
Kunaha ngarana kitu ?
Ceuk nu ditanja :
Sabab loba gajah !
Ceuk Ki Santang :
Pantes !
Sagala mani gede kieu
Walunganana gede
Tatangkalanana garede
Dayeuhna oge gede
Ngan djelemana
Heunteu garede
Sarua bae gadena djeung kula !
Tapi Rajana sagede kumaha ?
Ceuk urang paliman :
Meujeuhna !
Ceuk Ki Santang :
Di mana imahna ?
Ceuk urang paliman :
Tuh, imah nu panggedena !
Laju Ki Santang nindak deui
Caritana asup injana ka Karaton
Kasampak aya jelema gede
Keur ucang angge dina bale ukir
Balena bale gede dijieunna
Tina caling gajah
Diukiran rupa gajah
Gigireun bale gede
aneprok
Nu gareulis garede
Garede geh
Gede bujurna …… !
Ceuk Ki Santang :
Dia tuh Raja di dieu ?
Ceuk nu ucang angge :
Heu’euh !
Ceuk Ki Santang :
Saha ngaran dia ?
Ceuk Raja :
Prabu Liman Jaya Kencana !
Eta ngaran kula
Nu kaceluk ka tanah sabrang !
Ngaran kaula di dieu mah sejen deui !
Ceuk Ki Santang :
Ngeunah nya jadi Raja ?
Prabu Liman Jaya Kencana,
Lain Raja sambarang Raja
Tapi Raja nu rancage
Inyana ngartieun
Ki Semah teh
Eudeuk nyiar gara-gara !
Ceuk Raja Liman Kencana :
Di mana lebah ngeunahna ?
Ceuk Ki Santang :
Tuh, lebah bujur-bujur nu darempok
Sela pingping nu parungkil !
Ceuk Raja nu rancage :
Parungkil mah Ki Semah
Tandana jagjag waringkas
Sabab tara tinggal ti jajamu
Dararempok ?
Eta mah aya sabab na
Sabab loba gawe bari cingongo
Ngored bari cingongo
Ngarejo bari cingongo
Karihna bari cingongo
Jeung deui kitu buktina
Nu biasa gawe beurat
Sabab di dieu mah
Najan ngaran nyi putri
Ngahuma teh kudu bisa
Ninun hayu, nutu hayu
Tara jerih ka gawe beurat !
Tapi Ki Semah
Saha ngaran dia
Jeung naon nu seja ku dia ?
Ceuk Ki Santang :
Ngaran kula Guriang Setra
Datang ka dieu nya eta
Eudeuk nyiar pangabisa
Eudeuk mulung pangaweruh
Sabab di Nagara kaula
Geus euweuh nu sarua eujeun kula
Saha jagona di ieu Nagara ?
Ceuk Prabu Liman Kencana :
Di dieu mah euweuh jago !
Ceuk Ki Santang :
Tilok tah ?
Tilok di dieu Nagara euweuh lalaki ?
Ceuk Prabu Liman Kencana :
Lalaki mah ngabadeg
Tapi lain pikeun jadi jago !
Ceuk Ki Santang :
Pikeun naeun atuh ?
Ceuk Prabu Liman Kencana :
Pikeun ngabantu ngamakmurkeun Nagara !
Ceuk Ki Santang :
Lain pikeun ngalawan musuh ?
Kumaha mun aya nu nangtang perang ?
Ceuk Prabu Liman Kencana :
Perang mah tara datang saban mangsa ! Tapi makmur mah mudu saterusna Abeh Nagara salalawasna gemah ripah sugih mukti. Di ieu Nagara mah makmur teh lain ngan dilamun, tapi makmur nu karasa. Sabab di dieu mah adil teh lain omomg anu kosong
Tapi adil anu bukti ! Jeung adilna
Lain adil ceuk Raja wungkul
Tapi adil mun sapuk sakabeh somah !
Ku kituna adil mahmur teh
Di dieu mah lain ngaran wungkul catur
Lain ngan omong pangbebenjo
Lain carita nu sulaya !
Ceuk Ki Santang :
Kumaha di dieu bisa kitu ?
Kula hayang diajar
Teruskeun ka anak incu !
Ceuk Prabu Liman Kencana :
Dengekeun !
Di ieu Nagara
Pagawe teh garetol kabeh
Carukup ku pangaweruh
Taliti dina pamanggih
Laloba ngalaman
Jeung jalembar pangabisa !
Tapi pangabisa
Nu nguntungkeun ka somahna !
Jaba ti getol samuduna
Oge teu meunang adigung garede hulu !
Teu meunang punta-penta ka somah
Teu meunang nyusahkeun somah
Teu meunang nyingsieunan somah
Teu meunang menta balenan ti somah !
Teu meunang make maksa
Sumawonna nyingsieunan !
Tapi parentah teh
Dirupakeun jadi pangajak
Nu kaharti asup akal
Kapikir ku sakabeh somah !
Mun pagawe
Bukti gawe heunteu bener
Atawa ngan nyugihkeun dirina wungkul
Harita keneh ogeh digantung bari disisit !
Kumaha pagawe di Nagara dia, Ki Semah ?
Ceuk Ki Santang :
Di Nagara kula mah euweuh pagawe !
Kabeh teh juragan kabeh !
Ceuk Prabu Liman Jaya Kencana :
Karunya temen nu jadi somah !
Tapi dengekeun !
Di ieu Nagara nu buburuh cukup upahna
Di garawe bari narembang
Sabab seubeuh saban hakan
Nu tirani laluasa tiranina
Sabab hasil dibuatna
Lain asal ijin ka Nagara !
Ku kituna jaba dibere
Oge murah hakaneun !
Nu daragang teu diajar ku Nagara !
Tapi Nagara ngalobakeun pidagangeun ku kituna
Jaba dibere oge murah pidagangeun !
Ari pagawe teu kudu sumpah saban pasar
Meunang gawe bari tani
Meunang gawe bari dagang
Tapi tani anggeus gawe
Tapi dagang anggeus gawe
Ngan amun tani amun dagang
Teu meunang ngeunah sorangan
Ku jalan
Ngahalang-halang usaha somah !
Nu kapercaya
Ngajalankeun parentah Nagara
Garawena minangka bapa
Hartina loba mere tara menta
Merena ? Nya pangjeujeuh !
Mentana ? Tara menta pangabakti
Pangjeujeuhna ?
Lain ku omong anu kosong
Lain jangji nu sulaya tapi
Ku jangji anu bukti
Ku omong anu tembong
Mun pagawe rasa inyna ku kawasa
Punta-penta nitah bakti
Baktina ngan pikeun inyana
Jeung galak ka sakur nu teu mere
Ki Semah, Ki Semah
Moal endeuk Nagara bisa
Adil Makmur !
Ceuk Ki Santang :
Heueueueuh !
Kula tarima meunang Pajajaran !
Tapi bener-bener yeuh
Di ieu Nagara euweuh jagona ?
Ceuk Prabu Lingga Kencana :
Ari jago mah loba !
Tapi lain jago dina gelut. Jago soteh dina bener ! Amun Ki Semah
Hayang tarung Tuh ka ditu !
Tapi saeuncana mah
Teu mudu dia ngajugjug jeuh
Sabab engke ogeh
Bakal datang mangsa na
Ku urang rabul jalema bule
Tah eta pilawaneun dia !

Urang tunda deui
Nanggoan datangna nu barule
Urang caritakeun bae
Ki Santang teh laju amitan
Angkuhna deuk ngajugjug ka nu jauh
Deuk neangan jelema bule
Nya anjog ka sisi sagara !
Kadeuleu ku inyana
Laut motah ngadak-ngadak
Lemah eundeur ruag-rieug
Tinggeleger hawar-hawar ….. !
Ceuk Ki Santang :
E eh !
Naheun ieu gara-garana ?
Jeung kunaheun ?
Ngadak-ngadak hayang mulang ?
Kadeule di awang-awang aya mega maju ngidul
Belesat !
Ki Santang ngapung ka mega
Karep inyana tumpak mega
Tapi dina mega
Aya mipit kudu amit
Amun ngala kudu menta
Amun numpang kudu nyarita !
Ceuk Ki Santang bari ambek :
Ulah sia loba bacot !
Dibebekkeun ieu mega ku dewek !
Ngeser !
Dewek moal numpang cara lentah
Tapi ngilu bari maray !
Tah duitna opat kanjut !
Kop jeung kanjut-kanjutna !
Geuwat dewek anteurkeun ka Pajajaran !
Ceuk tukang mega sabari ised :
Ari maray mah
Sejen deui urusanana !
Saenyana ceuk aturan
Heunteu meunang mawa tumpangan
Sabab ieu teh mega dines !
Tapi ku duit mah
Kula teh heunteu buyut !
Jiga-jigana di lembur dia mah
Dia teh jawara kedotan !
Ceuk Ki Santang :
Kumaha dia nyaho ?
Ceuk tukang mega :
Tina porongos !
Sarua jeung porongos tukang eta !
Ceuk Ki Santang :
Tukang naeun ?
Ceuk tukang mega :
Tukang mariksa mega ngaliwat !
Ceuk Ki Santang :
Kituh !
Ceuk tukang mega :
Heu’euh ! Tukang mega mah
Loba nu sarawan ! Sabab tukang mariksa mega Morongos sa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar