Rabu, 16 Oktober 2019

KUMPULAN RARAKITAN LENGKEP

Rarakitan Silih Asih

Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono mondok jeung nyi mojang

Kuring hayang calanana
Hanjakal di Citalaga
Kuring bogoh ka anjeunna
Hanjakal boga tatangga

Tangkal hiris dibeungkeutan
Dibawa ka pasir alit
Nu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibere duit

Daun hiris daun sembung
Dibeungkeutan keur ka bandung
Omat geulis ulah pundung
Mun akang kapaksa nyandung

Daek soteh ka Cinangka,
Ka Cisitu mah teu purun.
Daek soteh ka manehna,
Ka nu itu mah teu purun.

Hayang teuing buah muris,
teu bisa ngasakanana.
Hayang teuing ka nu geulis,
Teu bisa ngakalanana

Daun saga daun pulus
Dibeungketan ku mang Didi
Saha itu anu mulus
Singhoreng kabogoh abdi

Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna.
lain babad lain tanding,
lain ka dinya aduna.

Rarakitan Piwuruk

Lamun urang ka Cikolé,
Moal hésé tumpak kahar.
Lamun urang boga gawé,
Moal hésé barang dahar.

Sing getol nginum jajamu,
Nu guna nguatkeun urat,
Sing getol néangan élmu,
Nu guna dunya ahérat.

Peupeujeuh ari geus cenghar
Jung indit ka balarea
Peupeujeuh ari geus beunghar
Ulah poho ka sarerea

Lamun dayang dahar noga,
Kudu daék nya meulina.
Lamun haying asup sorga,
Kudu getol nya sholatna.

Ti batan mawa pedang,
Mending gé mawa ragaji.
Ti batan ulin bagadang,
Mending gé diajar ngaji.

Ulah ngeumbing areuyan,
bisi lepot ninggang jurang.
Ulah teuing heuheureuyan,
bisi kolot meunang wiring.

Jauh-jauh ngala awi,
Nyiar-nyiar pimerangeun,
Jauh-jauh ngala kami,
Nyier-nyiar pimelangeun.

Lamun urang ka Cikole,
Moal hese tumpak kahar.
Lamun urang boga gawe,
Moal hese barangdahar.

Lamun urang ninun kanteh,
Ulah resep make poleng.
Lamun urang leutik keneh,
Ulah resep ngomong goreng.

Meugeus diangir ku jeungjing,
Geura ganti ku kihiang.
Meugeus pelesir tipeuting,
Geura ganti ku sambeang.

Sing getol nginum jajamu,
Nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
Nu guna dunya aherat.

Kumpulan Rarakitan Sesebred

Murak buah di Tunggilis
Aya apel aya huni
Rarasaan anu geulis
Ari pek teh nini-nini

Aya budak mawa casan,
Ngan hanjakal teu dibeli.
Aya budak gelis pisan,
Ngan hanjakal tara mandi.

Rarasaan ngala mayang,
Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
Teu nyaho cakeutreuk hideung.

Aya listrik di masigit,
Hanjakal moncor ka kolong.
Aya istri jangkung alit,
Hanjakal tonggongna bolong.

Majar manéh cengkéh konéng,
Kulit peuteuy dina nyiru.
Majar manéh lengkéh konéng,
Kulit beuteung mani nambru.

Ngimpi ngajul kembang tanjung,
ari meunang cau kepok.
Ngimpi tepung jeung nu jangkung,
ari gok jeung nu betekok.

Itu wayang ieu wayang,
Teu kawas wayang arjuna,
Itu hayang ieu hayang,
Teu kawas hayang ka dinya.

Nini-nini mawa cai
cai bodas ti susukan
nini-nini lari pagi
langsung pingsan na tanjakan

tipeting ngakan buah
buahna buah lohan
aya saha nu di sawah
aya budak bobogohan

hayu urang indit ka batak
di batak loba gareja
ari jalma huluna botak
ari peuting ca'ang huluna

di laut loba gurame
aya jama make tato
kunaon geuning rame
aya aki2 keur salto

isuk-isun jalan jalan
jalan jalan ka jawa
awewe geulis nu dijalan
pas seuri ompong huntuna

eta hakaneun tos basi
ti jakarta aya robot
budak gendut naek korsi
pas diuk langsung morobot

hayu urang nginum kopi
kopina pait ngabalakbak
atuh buka eta topi
pas dibuka huluna botak

aya bata aya genteng
jalma mabok jalma gelo
puguh maneh budak ganteng
tapi ngan matana belo

aya jama ngakan tape
tapena enak rasana
naha maneh cicing bae
nyahona ngompol na calana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar