Minggu, 09 Agustus 2020

KUMPULAN KILA KILA BAHASA SUNDA

By Deden Heryana
Sampura sun.
Kila-Kila nyaéta totondén ti alam kana naon-naon anu bakal kajadian ku urang.
✓• Jalma-jalma nu hirup tiheula saméméh urang nyaéta kolot atawa karuhun urang leuwih dalit jeung alam.
✓• Manusa miara alam nya kitu ogé alam miara manusa.
✓• Nya salah sahijina ku ayana sasatoan anu méré totondén siga kieu téa. Aya sabaharaha jenis kila-kila anu bakal diguar di dieu. Lengkep jeung conto-contona :

1. Sasatoan :
• Sora manuk sit uncuing = bakal aya nu maot
• Sora hayam jago lain wayahna = rék aya nu reuneuh
• Sora manuk bueuk tengah peuting = bakal aya wanoja nu lalagasan tapi kakandungan alias reuneuh jadah.
• Sora manuk bebence = ngadéngé sora bebencé di lembur, tanda aya bangsat keur kukulamprengan néangan palingeun. Urang lembur kudu taki-taki, ulah saré tibra teuing
• Aya kukupu hiber di jero imah = rék aya tamu
• Ngimpi newak lauk = rek meunang duit
• Aya cihcir di imah, bakal aya karuhun nu datang.
• Aya kupu-kupu asup ka imah, bakal aya tamu/ sémah.
• Aya manuk gaak sasada di deukeut imah, bakal aya kulawarga nu pupus.
• Aya oray meuntas walungan, bakal aya caah gedé.
• Aya piring nu peupeus sorangan, bakal aya kapapaitan di kulawrga.
• Aya sora manuk cingcuit sasada tarik bakal aya hujan gedé.
• Di imah loba toké, bakal loba milik.
• Di jalan diisingan ku manuk, bakal meunang milik.
• Magrib aya kupu-kupu hideung asup ka imah, bakal datang pipanyakiteun.

2. Anggota badan
• Kekenudan panon kenca = rek manggih kasedih
• Kekenudan panon katuhu = rek manggih kabagjaan
• Murag bulu mata = aya nu sono ka urang
• Panas ceuli = aya nu ngomongkeun.
• Orok ngising taina héjo, bakal téréh bisa leumpang.
• Sirah karagragan daun nu ragag tina tangkal, bakal téréh maot.

3. Datang bulan
• Datang bulan  poé ahad, bakal datang kasusah.
• Datang bulan  poé senén, bakal nampa surat.
• Datang bulan poé salasa, bakal datang kabungah.
• Datang bulan poé rebo, bakal tugenah atawa nyeri haté.
• Datang bulan poé kemis, bakal loba halangan.
• Datang bulan poé jumaah, bakal aya nu hayang tapi buit.
• Datang bulan poé saptu, bakal nampa rusiah.
• Datang bulan ping 1, bakal nampa surat.
• Datang bulan ping 2, bakal susah.
• Datang bulan ping 3, bakal aya nu ngahina.
• Datang bulan ping 4, bakal aya nu méré barang.
• Datang bulan ping 5, bakal nyeri haté.
• Datang bulan ping 6, bakal aya nu nyaah.
• Datang bulan ping 7, bakal gering.
• Datang bulan ping 8, bakal nyeri haté.
• Datang bulan ping 9, bakal nyeri haté.
• Datang bulan ping 10, bakal nampa barang.
• Datang bulan ping 11, bakal nampa surat.
• Datang bulan ping 12, bakal nyéri haté.
• Datang bulan ping 13, bakal aya nu ngahina.
• Datang bulan ping 14, bakal paséa.
• Datang bulan ping 15, bakal aya surat.
• Datang bulan ping 16, bakal nampa barang.
• Datang bulan ping 17, bakal aya nu ngahina.
• Datang bulan ping 18, bakal aya nu nyaah.
• Datang bulan ping 19, bakal aya nu ngahina.
• Datang bulan ping 20, bakal aya nu méré surat.
• Datang bulan ping 21, bakal aya asih.
• Datang bulan ping 22, bakal aya asih.
• Datang bulan ping 23, bakal kawin.
• Datang bulan ping 24, bakal tugenah.
• Datang bulan ping 25, bakal aya nu méré surat.
• Datang bulan ping 26, bakal aya nu ngéwa.
• Datang bulan ping 27, bakal aya nu nyaah.
• Datang bulan ping 28, bakal aya nu ngéwa.
• Datang bulan ping 29, bakal aya nu ngéwa.
• Datang bulan ping 30, bakal nu méré surat.
• Datang bulan ping 31, bakal bungah.
• Datang bulan dina Bulan Januari, bakal bungah.
• Datang bulan dina Bulan Pébuari, bakal aya nu nyaah.
• Datang bulan dina Bulan Maret, bakal aya nu nunggu.
• Datang bulan dina Bulan April, bakal aya nu nyaah.
• Datang bulan dina Bulan Mei, bakal tugenah.
• Datang bulan dina Bulan Juni, bakal aya nu ngéwa.
• Datang bulan dina Bulan Juli, bakal aya nu ngarep-ngarep.
• Datang bulan dina Bulan Agustus, bakal aya nu nyaah.
• Datang bulan dina Bulan Séptémber, bakal aya nyaah.
• Datang bulan dina Bulan Oktober, bakal aya nu nunggu.
• Datang bulan dina Bulan Nopémber, bakal aya nu kangen.
• Datang bulan dina Bulan Désémber, bakal aya nu nunggu.

4. Bentang Kukus
• Béntang Kukus kaluar di kalér, bakal loba pangagung nu teu merhatikeun ka rahayat.
• Béntang Kukus kaluar di kalér-wétan, bakal loba jalma nu sarusah lantaran dahareun marahal.
• Béntang Kukus kaluar di kidul, bakal aya pagebug sasatoan
• Béntang Kukus kaluar di kidul-wétan, halodo tarik pepelakan loba teu jaradi
• Béntang Kukus kaluar di kulon, bakal marurah sagala rupa dahareun jeung pakéan
• Béntang Kukus kaluar di kulon-kalér, bakal marahal barang-barang, jeung tatangkalan gararing
• Béntang Kukus kaluar di wétan, bakal loba hujan pepelakan bakal subur

5. Katumbiri
• Katumbiri di kalér cepet, sandang pangan murah
• Katumbiri di kalér-wétan, loba sasalah panyakit
• Katumbiri di kidul cepet, mahal sandang pangan
• Katumbiri di kidul-kulon, sasalad panyakit banget
• Katumbiri di kulon cepet, réa hujan, sandang pangan murah
• Katumbiri di kulon-kalér, réa hujan
• Lamun aya katumbiri di wétan-kidul, réa hujan

6. Lini
• Lini di bulan Hapit ti beurang, bakal loba jalma nu palinter ngadukeun kapinteranna
• Lini di bulan Hapit ti peuting, loba jalma nu parindah lantaran teu betah
• Lini di bulan Jumadil-Ahir ti beurang, bakal marahal sasatoan
• Lini di bulan Jumadil-Ahir ti peuting, bakal aman moal aya nanaon
• Lini di bulan Jumadil-Awal ti beurang, bakal pagebug réa jalma nu paraéh
• Lini di bulan Jumadil-Awal ti peuting, bakal moal datang hujan (paceklik)
• Lini di bulan Muharam ti beurang, bakal marahal sandang pangan
• Lini di bulan Muharam ti peuting, bakal halodo tarik, mahal sandang pangan
• Lini di bulan Mulud ti beurang, bakal loba jalma nu nganiaya ka papadana
• Lini di bulan Mulud ti peuting, bakal loba jalma nu dikaniaya ku baturna nu hayang meunang kadudukan
• Lini di bulan Puasa ti beurang, bakal aya kajadian loba jalma nu susah
• Lini di bulan Puasa ti peuting, bakal loba sémah pada bingung lantaran henteu betah dihiji tempat
• Lini di bulan Rajab ti beurang, bakal loba jalma nu garering
• Lini di bulan Rajab ti peuting, bakal loba jalma nu baringung lantaran datang musuh anu ngarebut kakawasaan
• Lini di bulan Rayagung ti beurang, kudu sing ati-ati, rikrik gemi, sabab bakal aya paila gedé
• Lini di bulan Rayagung ti peuting, bakal marahal sandang pangan
• Lini di bulan Rewah ti beurang, bakal loba jalma nu garering nepi hanteuna (ajalna)
• Lini di bulan Rewah ti peuting, bakal loba barang-barang turun harga (sandang pangan murah)
• Lini di bulan Sapar ti beurang, loba jelema nu teu betah dina tempatna hayang parindah
• Lini di bulan Sapar ti peuting, loba jalama dina kabungahan
• Lini di bulan Sawal ti beurang, bakal usum pagebug loba jalma garering (épidémi)
• Lini di bulan Sawal ti peuting, sing ati-ati, sabab bakal aya bahaya nu rék ngarebut kakuasaan Pamaréntahan
• Lini di bulan Silih-Mulud ti beurang, bakal loba hujan
• Lini di bulan Silih-Mulud ti peuting, bakal loba jelema pada mati lantaran pagebug.

7. Samagaha
• Samagaha dina bulan Hapit, bakal loba hujan angina (caah, urug, jrrd)
• Samagaha dina bulan Jumadil-Ahir, bakal loba jalma nu bungah lantaran papakéan jeung dahareun marurah
• Samagaha dina bulan Jumadil-Awal, bakal aya caah gedé dina waktu ieu mindeng hujan
• Samagaha dina bulan Muharam, bakal loba jalma nu meunang kacilakaan lantaran loba bencana alam
• Samagaha dina bulan Mulud, bakal pagebug gedé
• Samagaha dina bulan Puasa, bakal loba jalma nu paraéh lantaran paceklik (hongeroedéam)
• Samagaha dina bulan Rajab, bakal loba pagebug lantaran ganti hawa
• Samagaha dina bulan Rayagung, bakal loba jalma nu prihatin lantaran loba panyakit
• Samagaha dina bulan Rewah, bakal marurah dahareun
• Samagaha dina bulan Sapar, bakal loba jalma sarusah lantaran sumur-sumur loba nu saraat
• Samagaha dina bulan Sawal, bakal aya pagebug lantaran loba paceklik (epidemi), tipes jeung réa-réa deui
• Samagaha dina bulan Silih-Mulud, bakal loba jalma sarusah lantaran loba anu maraot

8. Katorekan
• Katorékan ceuli katuhu jam 12-13, bakal keur perkara
• Katorékan ceuli katuhu jam 1-3, bakal susah haté
• Katorékan ceuli katuhu jam 13-15, bakal riweuh haté
• Katorékan ceuli katuhu jam 15-17, bakal kasémahan
• Katorékan ceuli katuhu jam 17-19, bakal kasémahan, meunang rejeki
• Katorékan ceuli katuhu jam 19-21, bakal meunang rejeki
• Katorékan ceuli katuhu jam 21-23, bakal datang panyakit
• Katorékan ceuli katuhu jam 23-1, bakal kadatangan baraya
• Katorékan ceuli katuhu jam 3-5, bakal meunang untung
• Katorékan ceuli katuhu jam 5-7, bakal rék kasémahan
• Katorékan ceuli katuhu jam 7-9, bakal rék kaondangan
• Katorékan ceuli katuhu jam 9-11, bakal kaluar duit
• Katorékan ceuli kénca jam 11-13, bakal rék ribut
• Katorékan ceuli kénca jam 1-3, bakal rék nyaba
• Katorékan ceuli kénca jam 13-15, bakal kaluar duit
• Katorékan ceuli kénca jam 15-17, bakal rék kaondangan
• Katorékan ceuli kénca jam 17-19, bakal aya nu rék nyaba, tapi meunang perkara
• Katorékan ceuli kénca jam 19-21, bakal meunang perkara
• Katorékan ceuli kénca jam 21-23, bakal aya sémah
• Katorékan ceuli kénca jam 23-1, bakal nampa kiriman
• Katorékan ceuli kénca jam 3-5, bakal kaluar duit
• Katorékan ceuli kénca jam 5-7, bakal rék kaondangan
• Katorékan ceuli kénca jam 7-9, bakal aya béja kabungahan
• Katorékan ceuli kénca jam 9-11, bakal mikaran perkara

9. Kekedutan
• Kekedutan dina beuheung, bakal meunang kahadéan
• Kekedutan dina beuteung, bakal meunang kabungahan
• Kekedutan dina bitis katuhu, bakal halangan
• Kekedutan dina bitis kénca, bakal meunang untung
• Kekedutan dina biwir handap, bakal téréh ngomong (budak leutik)
• Kekedutan dina biwir luhur, bakal paséa
• Kekedutan dina biwir panon katuhu, bakal ceurik atawa datang ka sedih
• Kekedutan dina biwir panon kénca, bakal meunang kabungah
 • Lamun kekedutan dina bujal, bakal meunang milik
• Kekedutan dina cangkéng katuhu, bakal meunang milik
• Kekedutan dina cangkéng kénca, bakal susah
• Kekedutan dina ceuli katuhu, bakal aya béja hadé
• Kekedutan dina ceuli kénca, bakal meunang kabungah
• Kekedutan dina dada katuhu, bakal papanggih jeung baraya
• Kekedutan dina dada kénca, bakal meunang kabungahan
• Kekedutan dina dampal leungeun katuhu, bakal meunang barang
• Kekedutan dina dampal leungeun kénca, bakal miceun-miceun (hambur, loba pengeluaran)
• Kekedutan dina dampal suku katuhu, bakal iinsitan jauh
• Kekedutan dina dampal suku kénca, bakal susah
• Kekedutan dina embun-embunan, bakal meunang pangkat
• Kekedutan dina gado, bakal meunang kahadéan
• Kekedutan dina halis katuhu, bakal nampa duit
• Kekedutan dina halis kénca, bakal bungah
• Kekedutan dina irung beulah katuhu meunang tugenah
• Kekedutan dina irung beulah kénca, nampa surat
• Kekedutan dina kénca, bakal meunang milik
• Kekedutan dina keuneung katuhu, bakal meunang bagja
• Kekedutan dina keuneung kénca, bakal papanggih jeung baraya
• Kekedutan dina létah, bakal cilaka
• Kekedutan dina pingping katuhu, bakal papanggih jeung sobat
• Kekedutan dina pingping kénca, bakal aya kahadéan.
• Kekedutan dina pipi katuhu, bakal gering
• Kekedutan dina pipi kénca, bakal meunang kasusah
• Kekedutan dina puhu leungeun katuhu, bakal papanggih jeung baraya
• Kekedutan dina puhu leungeun kénca, bakal aya kahadéan
• Kekedutan dina siku katuhu, bakal boga duit
• Kekedutan dina siku kénca, bakal aya nu asih
• Kekedutan dina sirah, bakal meunang kahadéan
• Kekedutan dina susu katuhu, rék nampa milik.
• Kekedutan dina taktak katuhu, bakal meunang duit
• Kekedutan dina taktak kénca, bakal aya nu ngahina
• Kekedutan dina tarang, bakal aya nu ngahormat
• Kekedutan dina tonggong suku katuhu, bakal aya kahadéan
• Lekedutan dina tonggong suku kénca, bakal gering
• Kekedutan dina tonggong, bakal bagja
• Kekedutan dina tuur katuhu, bakal cilaka
• Kekedutan dina tuur kénca, bakal bungah
• Kekedutan dina ugel-ugel suku katuhu, bakal cilaka
• Kekedutan dina ugel-ugel suku kénca, bakal aya kahadéan
• Kekedutan dina walikat katuhu, bakal tugenah
• Kekedutan dina walikat kénca, bakal tinekanan pamaksadan

10. Ngimpi
• Ngimpi asup kana es, bakal aya katugenahan
• Ngimpi asup kana seuneu, bakal cilaka
• Ngimpi awak begang, bakal susah
• Ngimpi awak buluan, bakal meunang milik
• Ngimpi awak getihan atawa kaluar getih, bakal meunang katugenahan
• Ngimpi awak lintuh, bakal aya nu ngahormat
•  Ngimpi aya angina puyuh, bakal aya nu datang
• Ngimpi aya nu datang (nyémah), bakal aya nu ngahina, nu ngahinana éta jalma nu kaimpikeun
• Ngimpi aya nu méré ali, bakal aya nu mikanyaah.
• Ngimpi aya nu méré anjing (kicik), aya nu ngahinaLamun ngimpi aya nu méré baju, bakal aya nu ngéwa
• Ngimpi aya nu méré barang emas/pérak, bakal aya nu nyaah
• Ngimpi aya nu méré béas, bakal aya nu ngahina.
• Ngimpi aya nu méré budak awéwé, bakal meunang kabungahan (tina pare bakal untung)
• Ngimpi aya nu méré budak, bakal meunang kabungahan (milik)
• Ngimpi aya nu méré cai susu, bakal aya nu nyaah
• Ngimpi aya nu méré daging sapi, bakal aya nu ngahampas
• Ngimpi aya nu méré endog, bakal meunang kabeungharan
• Ngimpi aya nu méré eunteung, bakal aya nu ngawiwirang
• Ngimpi aya nu méré kantong, bakal aya nu méré élmu pangaweruhna (pangabisa)
• Ngimpi aya nu méré kembang, bakal boga salaki/pamajikan
• Ngimpi aya nu méré keris, bakal aya nu méré barang (dunya)
• Ngimpi aya nu méré kitab, bakal aya nu datang nu rék ménta berkahna
• Ngimpi aya nu méré lauk, bakal meunang milik (aya nu méré duit)
• Ngimpi aya nu méré manuk, bakal boga anak
• Ngimpi aya nu méré pedang, bakal aya nu hasud (ngabaruntak)
• Ngimpi aya nu méré sangu, bakal aya nu ngahampas
• Ngimpi aya nu méré sisir, bakal aya nu mérésan kahirupanana
• Ngimpi aya nu méré surat, bakal meunang barang nu matak nalangsakeun
• Ngimpi aya nu nénjo (neuteup), bakal aya nu ijid (ngéwa)
gimpi aya nu ngajak ku nu tos pupus, bakal téréh meunang milik
• Ngimpi aya nu ngajak, bakal aya nu ngahina
• Ngimpi aya nu nganiya, bakal meunang milik gede.
• Ngimpi aya nu ragrag ti luhur langit (béntang), bakal boga anak nu kacida pinterna jeung calakan.  
• Ngimpi beunghar, bakal senang hirupna
• Ngimpi bobogohan, bakal meunang rejeki
• Ngimpi boga imah, bakal pindah
• Ngimpi boga salaki, bakal meunang susah
• Ngimpi budug, bakal meunang rejeki
• Ngimpi ceurik, bakal dihampuara dosa
• Ngimpi ceurik, bakal meunang susah gede
• Ngimpi dahar daging babi, bakal aya nu ngahina
•Ngimpi dahar najis, bakal cilaka (doraka)
• Ngimpi dibenduan ku pamingpin (Présidén), bakal meunang kasusahan
• Ngimpi dibéré duit, bakal meunang panyakit
• Ngimpi dibeulit oray, bakal meunang milik
• Ngimpi didatangan guru, bakal aya nu ngéwa
• Ngimpi digantung, bakal dihampuara dosana
• Ngimpi digégél maung, bakal aya nu méré pagawéan
• Ngimpi digundulan, bakal meunang wiwirang
• Ngimpi dihakan maung, bakal boga dunungan soléh
• Ngimpi diiket, bakal jadi jalma soléh
• Ngimpi diiring-iring, bakal pondok umur
• Ngimpi dikopéah, bakal jadi jalma soléh
• Ngimpi dilétakan maung, bakal naék pangkat/jabatan
• Ngimpi diminyak, bakal aya nu bogoh
• Ngimpi diminyak, bakal aya nu ngaku
• Ngimpi dipacok oray, bakal kawin
• Ngimpi dipaéhan, bakal moal lila umur
• Ngimpi dipayung, bakal meunang harta, turta dihormat ku jalma réa
• Ngimpi dipikabogoh ku lalaki/awéwé, bakal aya nu mikanyaah
• Ngimpi dipikanyaah ku pamingpin (Présidén), bakal dipikanyaah ku nu jadi kolot
• Ngimpi dipotong buuk, bakal pipisahan
• Ngimpi dipupur/diwedak, bakal aya nu asih
• Ngimpi disalimut, bakal diusir tina kapangkatan
• Ngimpi diseureud ku seungseureudan, bakal aya nu mikaasih
• Ngimpi disorban, bakal jadi haji
• Ngimpi ditarajang, bakal meunang wiwirang
• Ngimpi ditarajang, bakal meunang wiwirang
• Ngimpi diteunggeulan, bakal aya nu nyaah
• Ngimpi diudag aki-aki/nini-nini, bakal aya nu méré barang
• Ngimpi diudag anjing, bakal gering
• Ngimpi diudag jalma édan, bakal gering panas
• Ngimpi diudag maung, bakal meunang pagawéan
• Ngimpi diudag oray, bakal diudag-udag ku nu bogoheun
• Ngimpi diudag sapi, bakal meunang kasenangan
• Ngimpi gering, bakal meunang cilaka
• Ngimpi hajat, bakal meunang susah
• Ngimpi huhujanan, bakal meunang rahmat
• Ngimpi huntu pungklak ti handap, bakal kapapatén baraya sahandapeun
• Ngimpi huntu pungklak ti luhur, bakal kapapatén ku kolot
• Ngimpi imah dipager, bakal meunang kasusahan (sedih)
• Ngimpi imah urang kahuruan, bakal meunang kasusah
• Ngimpi indit-inditan, bakal meunang wiwirang
• Ngimpi jadi haji, bakal jadi jalma soléh
• Ngimpi jadi jalma hina, bakal meunang kabungahan
• Ngimpi jadi jalma kasép/geulis, bakal bisa nyaho (ngaji) kana dirina sorangan
• Ngimpi jadi ménak, bakal meunang wiwirang
• Ngimpi jadi pangantén, bakal gering
• Ngimpi jejeblogan, bakal meunang kabungah
• Ngimpi kabeurangan saré, bakal meunang pikiran caang
• Ngimpi kahujanan, bakal loba nu nyaah
• Ngimpi kapanggih jeung nu maot, bakal susah
• Ngimpi kapanggih Malaikat, bakal meunang kabungah
• Ngimpi labuh, bakal dikawinkeun
• Ngimpi lalayaran, bakal aya nu ngamulyakeun
• Ngimpi leungit ali, bakal pipisahan jeung pamajikan/salaki/kabogoh
• Ngimpi leungit baju, bakal meunang kasusahan
• Ngimpi leungit leungeun sabeulah, bakal meunang kacilakaan
• Ngimpi leungit mata, bakal susah gedé
• Ngimpi leungit panitih, bakal aya nu ngarebut haté (kabéngbat)
• Ngimpi leungit samping, bakal pamajikan/ salaki/ kabogoh aya nu ngarebut
• Ngimpi loba kutu, bakal munang duit
• Ngimpi lumpat, bakal meunang darajat
• Ngimpi maca koran, bakal tinekanan naon dipimaksud
• Ngimpi maké ali tina emas, bakal nampa élmu (kadunyaan)
• Ngimpi mandi di laut, bakal meunang milik
• Ngimpi mandi di sumur, bakal meunang kabungah
• Ngimpi mandi di walungan, bakal aya nu ngéwa
• Ngimpi mandi din acai hujan, bakal salamet hirupna
• Ngimpi mandi dina najis, bakal aya nu mikangéwa
• Ngimpi maripat ka Allah, naon di pimaksud bakal diijabah, turta bakal jadi waliyullah
• Ngimpi mawa mayit, bakal meunang kabungah (lotré)
• Ngimpi nabeuh goong, bakal moal aya kagoréngan
• Ngimpi naék ka gunung, makal meunang milik
• Ngimpi naék ka langit, bakal luhung élmuna jembar pangaweruhna.
• Ngimpi naék karéta, bakal kaleungitan milik
• Ngimpi naék tangkal kalapa potong tengahna, bakal aya kakapaténan.
• Ngimpi naék tangkal kalapa, bakal aya nu méré hutang.
• Ngimpi namapa permata (inten), bakal meunang milik gedé
• Ngimpi nampa duit, bakal meunang kasusah
• Ngimpi nénjo hujan, bakal meunang milik
• Ngimpi neunggeulan budak, bakal meunang kasusah
• Ngimpi neunggeulan oray, bakal ngéléhkeun musuh urang
• Ngimpi ngadahar daging embé, bakal aya nu méré salaki/pamajikan
• Ngimpi ngadahar daging oray, bakal aya nu nganiaya
• Ngimpi ngadahar gula, bakal aya nu jahat
• Ngimpi ngadahar lauk hayam, bakal meunang untung
• Ngimpi ngadahar taneuh, bakal meunang milik
• Ngimpi ngajaring manuk, bakal meunang rejeki
• Ngimpi ngajuru, bakal datang milik
• Ngimpi ngala anggur, bakal meunang kabungah
• Ngimpi ngala buah dalima, bakal meunang milik
• Ngimpi ngala cau arasak tuluy didahar, bakal meunang kabungah
• Ngimpi ngala jeruk, bakal meunang kasedihan
• Ngimpi ngala lauk cai, bakal meunang untung
• Ngimpi ngala manuk merak, bakal boga kabogoh
• Ngimpi ngala pare, bakal meunang kasusah
• Ngimpi ngala seuneu, bakal susah
• Ngimpi ngambek, bakal meunang katugenah
• Ngimpi ngambeu bangké, bakal manggih tugenah
• Ngimpi ngambeu seuseungitan, bakal aya nu mikanyaah
• Ngimpi ngapung, bakal meunang susah
• Ngimpi ngarasa sieun, bakal meunang kacilakaan
• Ngimpi ngawangong sareng wali nu mana baé, bakal boga élmu nu luhur
• Ngimpi nginum, bakal aya nu ngéwa
• Ngimpi ngising, bakal kaleungitan
• Ngimpi ngojay, bakal teu tinekanan paniatan
• Ngimpi ngudud (nyeupah), bakal aya nu ngahina (ngahampas)
• Ngimpi ningal Baitullah, bakal meunang kamurahan
• Ngimpi ningal batu hideung, bakal meunang bebendon ti Pangéran
• Ngimpi ningal béntang ragrag ka imah urang, bakal meunang milik
• Ngimpi ningal beuteung sorangan, bakal meunang kasenangan
• Ngimpi ningal bulan jeung panonpoé, bakal aya karusakan di nagarana
• Ngimpi ningal bulan, bakal loba nu asih
• Ngimpi ningal cahaya beureum, hideung, koneng, jeung bodas, bakal bakal deukeut kana waktuna (paéh)
• Ngimpi ningal cahaya, bakal dihampuara dosana
• Ngimpi ningal camara bodas, bakal ngalalakon hirupna
• Ngimpi ningal jalan ngemplong, bakal ditangtayungan hirupna
• Ngimpi ningal jalma ngapung, bakal luas pikiran
• Ngimpi ningal loba hayam, bakal bakal meunang loba sobat (batur)
• Ngimpi ningal masigit rubuh, bakal aya kasusah gédéLamun ngimpi ningal Nabi Muhammad SAW, bakal aya nu méré berekah
• Ngimpi ningal pajaratan para wali, bakal aya nu ngahijikeun kana dirina (kasumpingan)
• Ngimpi ningal panonpoé kembar, bakal aya kaributan/perang di nagara
• Ngimpi ningal rupa sorangan, bakal loba nu hayang kapanggih
• Ngimpi ningal sahabat Rasulullah, bakal naék pangkat atawa meunang jabatan luhur.
• Ngimpi ningal sawarga, bakal boga élmu maripat
• Ngimpi ningal talaga, bakal meunang rejeki.
• Ngimpi ningal tangkal dihandapeun, bakal dihormat ku sasama
• Ngimpi ningal tangkal nyagak dua, bakal meunang kasusahan
• Ngimpi ningal walungan caah, bakal aya nu ambek
• Ngimpi ningali naraka, bakal teu bisa hirup senang
• Ngimpi numpak kapal udara, bakal aya milik gedé
• Ngimpi numpak kuda, bakal salamet, naon nu dimaksuk tinekanan
• Ngimpi numpak maung, bakal meunang darajat
• Ngimpi numpak naga, bakal hasil sagala nu dimaksud
• Ngimpi nyangu, bakal meunang kasusahan
• Ngimpi nyiduh diwadahan, sarta ciduhna ngagibleg siga ager, bakal meunang kabungahan sarta diberkahan ku umat Nabi.
• Ngimpi nyiduh, bakal meunang kasusah
• Ngimpi nyolatkeun mayit, bakal aya nu ngabéla lahir batin
• Ngimpi nyukang tapi cukangna potong, bakal meunang susah
• Ngimpi nyukang, bakal bakal meunang kabungahan
• Ngimpi paéh, bakal boga milikLamun ngimpi palid, bakal meunang susah
• Ngimpi papendak jeung Imam Mahdi, bakal jadi sampurna hirupna dunya ahérat
• Ngimpi papendak sareng Nabi Adam AS, bakal meunang kabungah
• Ngimpi papendak sareng Ratu Adil, bakal jadi jalma nu nangtayungan dunya (Pamingpin)
• Ngimpi paséa, bakal aya nu nyaah
• Ngimpi puasa, bakal meunang darajat
• Ngimpi rék indit hésé disamping, bakal kawiwirangan
• Ngimpi rék indit tapi hésé rék digelung udar-ider deui, bakal aya nu mikangéwa
• Ngimpi rék indit tinggaleun selop atawa sapatu, bakal aya nu sirik.
• Ngimpi rék nyiduh tapi hésé kaluarna, bakal jadi jalma teu teu boga kasieun (wanian)
• Ngimpi saré, bakal butek pamikiran
• Ngimpi sasauran jeung pamingpin (Présidén), bakal meunang kabungah (naon waé nu dipimaksud bakal tinekanan)
• Ngimpi sholat, bakal sagala pagawéanna dihampuara
• Ngimpi sukan-sukan, bakal susah
• Ngimpi tangkal cau rubuh, bakal aya nu gering cepot
• Ngimpi teuleum ka jero cai, bakal meunang kasenangan
• Ngimpi urang ménta dihampura ka kolot, bakal dihampuara dosana ku Pangéran (Allah)
• Ngimpi wudu, bakal sampurna hirupna

11. Sumeblak hate
• Lamun sumeblak haté jam 1-2, bakal aya nu ngondang
• Lamun sumeblak haté jam 3-5, bakal hajat
• Lamun sumeblak haté jam 5-7, bakal meunang kabungah
• Lamun sumeblak haté jam 7-9, bakal aya nu nanyaan
• Lamun sumeblak haté jam 9-11, bakal dahar nu ngeunah
• Lamun sumeblak haté jam 11-13, bakal dipikabogoh
• Lamun sumeblak haté jam 13-15, bakal meunang rejeki
• Lamun sumeblak haté jam 15-17, bakal meunang kabungahan
• Lamun sumeblak haté jam 17-19, bakal datang sémah
• Lamun sumeblak haté jam 19-23, bakal pacogrékan
• Lamun sumeblak haté jam 23-1, bakal …… aya nu ngalamar anak urang

Tabe pun.

Selasa, 04 Agustus 2020

PAKEMAN BASA

By Deden Heryana

Sampura sun
Pakeman Basa aya tilu wangunan 
1. Banasan jeung paribasa
2. Uga
3. Kila-kila

 Babasan jeung Paribasa
Babasan nya éta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa,
Contona:
-ngadu angklung (paréa-réa omong nu taya gunana)
-buntut kasiran (korét)
-panjang leungeun(sok cukat-cokot)

Paribasa sarua hartina jeung babasan mung dina bentuk kalimah.
Contona:
-Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna (Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa)

 Uga
Uga katelah hiji omongan anu eusina mangrupa ramalanyén dina hiji waktu bakal aya kajadian boh nu pikagumbiraeun boh nupikasusaheun.

Contona:
-Jaga mah, barudak, sajajalan disaungan, nya buktina aya karéta api.
-Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat, nya buktina ayatelegram.

 Kila-kila
Kila-kila nyaéta totondén (tanda-tanda) alam kana naon-naonanu bakal kajadian.

Contona:
-Lamun aya kukupu hiber di jero imah = rék aya tamu
-Lamun ngimpi néwak lauk = rék meunang duit
-Lamun kekenudan panon kenca = rék manggih kasedih.

Tabe pun.

NGAGUAR UGA SUNDA

By Deden Heryana
Sampura sun!
Uga katelah hiji omongan anu eusina mangrupa ramalanyén dina hiji waktu bakal aya kajadian boh nu pikagumbiraeun boh nupikasusaheun.
Uga mangrupa salah sahiji tradisi lisan masyarakat Sunda, di jeronana ngumpul sakabeh memori kolektif. Analisis kana uga ngawengku nilai-nilai dina bentuk simbol nu tersirat di jerona. Uga mampuh ngaramalkeun parobahan sosial saluyu jeung zamanna. Mun ditiyenan tina orientasi waktu, uga bisa nunjukkeun: 
(1) diciptakeun jeung dicaritakeun dina waktu baheula; 
(2) dicaritakeun dina waktu baheula jeung kajadian dina waktu kamari
(3) dicaritakeun dina waktu baheula dan sekarang (sedang terjadi); 
(4) dicaritakeun dina waktu baheula, ramalan keur anu bakal datang.

Fungsi uga nyaeta nga-prediksi jeung dijadikeun alat antisipasi hiji hal anu bakal kajadian di waktu nu bakal datang. Mun aya hiji kajadian gedé, sok loba anu ngaguar soal uga. Disurahan bari jeung umumna mah ngan saukur dikira-kira ngagunakeun élmu kirata. Ceuk élmu basa mah uga téh nya éta siloka anu eusina tujuman kana parobahan penting kaayaan pajamanan jeung kaayaan nagara dina hiji mangsa. Unggal wewengkon, utamana anu dianggap “wewengkon kolot” saperti di kampung adat, miboga uga anu masih kénéh dibulen ku siloka.

Uga ulah pahili jeung cacandran. Ari cacandran mah gambaran kaayaan hiji daérah dina hiji mangsa saperti “Bandung heurin ku tangtung”; éta cacandran, lain uga. Sakumaha anu ditétélakeun ku Haji Hasan Mustafa: Ari conto-contona omongan baheula. Contona mah kieu:
1• Sunda nanjung lamun nu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui. 
2• Nagara karta raharja lamun lebak cawéné geus kapanggih. 
3• Ari anu bakal jadi ratu, baju butut babadong batok, anu jolna ti Gunung Surandil, bandérana karakas cau.
4• Jaga mah, barudak, sajajalanna disaungan. Béh karéta api.
5• Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat. Béh telegram.
6• Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék. Béh anak somah naék pangkat, anak ménak teu jadi pangkat.
7• Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angger gawé. Béh nu dagang di pagawéan.
8• Engké lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati
9• Engké saupama Bui Banceuy geus aya anu ngabongkar, Kota Bandung téh bakal dimaratuhan ku jelema-jelema baringung. Poé ieu ngadegkeun wawangunan, isukna dibongkar deui. Cindekna: kuriak teu anggeus-anggeus.
10• Sunda nanjung, lamun pulung turun ti Galunggung.
11• Urang kudu peperangan, dina keur nyieun jalan tengah di Gunung Kendeng, maung ngembang dadap, di cai buhaya ngembang kaso. Dina keur peperangan kadé kudu bareng jeung kolot, urang ulah hareup teuing bisi kaleyek, ulah tukang teuing bisi katinggaleun.
12• Kota Garut bakal pindah ka Bagendit, ti dinya bakal pindah deui ka Cilauteureun di Basisir Samudera Hindia. Ka hareupna bakal ngadeg dua nagri (kota) di Kandangwesi (Garut) jeung Cidamar, masing-masing ngaranna téh Jayanti jeung Jayana.
13• Di akhir jaman bakal loba parahu. Urang Dukuh mah makéna parahu belang.
14• Jaga di Cilauteureun bakal ngadeg leuit salawé jajar, sajajarna salawé suhunan, sasuhunanana dieusian paré salawé caéng.
15• Nagara ilang komara; rahayat pinanggih lara; sagala kias teu mental; sakabéh pamingpin bingung. Geus kitu bakal muncul Ki Sunda nu katilu. Nu katilu mah can jisim; pinunjul ahli nagara; pinter tur perténtang ngomong; kaloka ka jagat ingwang; tabah ngolah paréntah; kaceluk manusa punjul; taya pibandingeunana.

Upama ku urang ditengetan, eusi uga mah henteu nembrak. Kudu disurahan deui. Geura baé. Saha anu pundung ti Bandung ka Cikapundung téh? Di mana Lebak Cawéné téh? Naon anu dimaksud baju butut babadong batok? Bakal nembrak lamun geus kasorang, saperti ungkara “saumur jagong” dina Jaman Jepang. Anu ngaranna “saumur jagong” mah ngan tilu bulan satengah, ti mimiti ceb dipelak nepi ka kaala buahna. Ari buktina mah geuning tilu taun satengah. Aya waé anu nyurahan “saumur jagong” téh cenah ti mimiti binih nepi ka teu bisa dijieun binih deui. Enya henteuna, can aya nu nalungtik.

Hatur punten bilih aya kalepatan. Tabe pun.