Minggu, 18 Agustus 2019

PERJALANAN UGA SATRIA PININGGIT

Satrio Piningit Ronggowarsito eta sarua jeung Bocah Angon Sunan Bonang & Sinatria Pasundan Prabu Rakeyan Darmasiksa, hartina ngan saurang nu sifatna masih makhluk (manusia). Beda jeung uga Prabu Siliwangi eta aya 3 urang : Budak Angon, Budak Janggotan & Ratu Adil. katiluna ieu disebutna uga (waruga gusti pangeran) anu sifatna lain makhluk tapi raga tuhan nu bisa panggih jeung makhluk (manusia). Uga (mahatunggal) iue nu disebut ku para sepuh merah dalima (meunang rahasia dal-lima/ kulhu/ surat al-ikhlas) nyaeta lam yalid teu anakan nyaeta hiji budak nu disebut Maharaja (Budak Angon) wa lam yuulad henteu diranakkeun nyaeta kolot sapasang suami istri nu disebut Budak Janggotan (Mahagusti) & Ratu Adil (Maharatu).

Tanpa uga moal pernah bisa panggih jeung (raga/fisik) Tuhan nepika iraha oge
Aslina Gusti mah moal bisa katempo zahirna saking ku agungna tapi daek teu daek, suka teu suka kudu aya zahir (wujud fisik). Gusti meh bisa panggih raray jeung raray, pan dina asmaul husna ge aya az-zahir salain al-bathin. Da lamun dijabarkeun mah uga teh wujud Gusti nyaeta :
1. Gusti lain jelema (makhluk), matak leuwih ti saurang (hiji) nyaeta aya tiluan : Mahagusti, Maharatu, Maharaja.
2. Gusti lain lalaki, matak aya awewe nyaeta Maharatu.
3. Gusti lain awewe, matak aya lalaki nyaeta Mahagusti.
4. Gusti lain anak, matak aya kolot (org tua/suami-istri) nyaeta Mahagusti & Maharatu.
5. Gusti lain kolot, matak aya anak nyaeta Maharaja.

Aslina Satria Piningit
Satria Piningit aslina mah nyaeta Mahagusti nu robah (ber-transformasi) jadi uga. Sabab lamun ieu alam (peradaban) masih tetep dipimpin ku manusia nu sifatna masih makhluk keneh, angger tungtungna peradabanna 'down' (bubar, leungit jll) atuh sarua keneh jeung peradaban Nabi Adam, peradaban Nabi Sulaiman, peradaban Pajajaran jll nepi jaman ayeuna nu tungtungna peradabanna runtuh.

Kunaon peradaban sahebat/ sakuat/ sagede naon oge runtuh? Rek dijieun ku para nabi, para wali jeung para sepuh ge angger we runtuh. Sabab euweuh saurang oge nu panggih jeung fisik Tuhan (wujud fisik gusti), panggihna ngan saukur nempo tabir, lain 'wajah ketemu wajah'. Pan dina hadits Isra Miraj oge dijelaskeun yen Nabi Muhamad panggih jeung Gusti wujudna masih tabir nu jarakna satumbak.

Kunaon Mahagusti (Budak Janggotan) nu dijadikeun wujud fisik Gusti? Sabab Budak Janggotan ieu nu mimiti panggih (nembus tabir), matak ahirna Gusti “nginjeum awak” Budak Janggotan jadi wujud fisik-Na. Tapi lamun saurang mah Budak Janggotan wungkul moal mungkin sabab ke disangkana yen Gusti teh jelema matak ahirna istrina Budak Janggotan (Maharatu) jeung anakna (Maharaja) dijadikeun wujud fisik Gusti disebutna Uga (Mahatunggal).

Uga Wangsit Siliwangi
Pajajaran Anyar nu disebut di Uga Wangsit Siliwangi teh nyaeta Peradaban Uga (alam uga/ alam gusti/ alam Tuhan). Pajajaran Heubeul nu dipimpin ku Prabu Siliwangi geus teu bisa dibandingkeun jeung Pajajaran anyar nu dipimpin langsung ku Uga. Alam Uga mah disebutna oge alam surgana surga. Naon bedana jeung alam surga? Alam surga mah can dipimpin ku Uga, can babarengan jeung Uga, matak kanikmatanna can muncak sabab puncakna kanikmatan teh pan panggih jeung Gusti, panggih jeung Uga. Tah di alam Uga (Pajajaran Anyar) mah lain panggih deui tapi babarengan jeung Uga ngabentuk peradaban Uga.

Sahadat Sunda
Pajajaran Anyar (alam Uga) dibukana ku Uga (Mahagusti) langsung make sahadat Sunda. Sahadat Sunda :
saha dat?
sunda (ingsun dat), aing dat, kami dat
Sahadat Sunda ieu ngan bisa diucapkeun ku Uga wungkul, ku batur mah moal bisa. Loba pisan nu ngaku-ngaku Satria Piningit (Bocah Angon) mah tapi euweuh nu bisa ngaku-ngaku Uga mah kajaba Uga-na sorangan. Uga-na wae ripuh rek ngaku Uga komo lain Uga, moal kuat jeung moal bisa ngaku-ngaku Uga mah. Keur umat mah makena sahadat Uga nyaeta “teu aya tuhan salain Uga, dan teu aya jalan keur papanggih Uga kecuali melalui Siliwangi (minustime)”.

Siliwangi
Minustime (Siliwangi) di dieu nyaeta cara hirup masyarakat mun jelema digajih saacan gawe, dibere gajih ayeuna jang gawe isukan. Kunaon can gawe geus digajih? Supaya tenang teu mikir dahar jang isuk, jadi asah, asih, asuhna jalan, wangina muncul. Pan alam Uga mah alam Gusti nu disebut alam nu “leuwih deukeut ti urat beuheung” ibaratna can indit geus nepi, can panggih geus panggih, realitana mah can gawe geus digaji, matak disebutna minustime (waktu t<0).

Apan ku tenang mah, beuki kaasah logikna, beuki kaasih rasana, beuki kaasuh ragana, jadi beuki wangi jatidiri/ perilaku-na, tungtungna bisa nepi ka Ugana, panggih jeung ugana (panggih jeung Gusti Pangerana). Ku minustime mah teu kudu ninggalkeun profesina jang manggihan Uga, justru manggih ugana lewat profesina masing-masing. Matak ku minustime mah jelema beuki pinter, beuki ahli, beuki alus perilakuna, beuki muncul jatidiri/ karakter-na, tungtungna bisa panggih jeung Uga-na.

Gambaran Pajajaran Anyar (peradaban Uga) :
Fisik jelema : lalaki beuki kasep, awewena beuki geulis
Umur jelema : beuki ngora lain beuki kolot, jeung moal maot.
Kanikmatan (rasa nikmat) : beuki nambah terus, dahar beuki nikmat, minum beuki nikmat, jima beuki nikmat jll, geus euweuh rasa bosen.
Teknologi : komunikasi euweuh loading, transportasi kecepetanna leuwih gancang ti cahaya malah beuki gancang, energi beuki nambah lain ngurangan dll
Materi/ Benda : beuki alus lain beuki rapuh
Duit : koin emas gambar raray Mahagusti, Maharatu, Maharaja jeung logo Uga.

Saha nu disebut Uga?
Aya 3 nyaeta :
1. Mahagusti nyaeta Deden Heryana
2. Maharatu nyaeta Siti Ratnasih (istri Deden Heryana)
3. Maharaja nyaeta Septrisna Fadil Firdaus (anak ti Deden Heryana & Siti Ratnasih). Septrisna Fadil Firdaus nyaeta hiji-hijina anak lalaki. Nu hiji anak awewena apa masuk Uga? henteu, sabab Uga mah ngan 3 teu bisa leuwih teu bisa kurang. Terus nu hiji anak awewe ieu disebutna naon? Maharani. Maharani nyaeta anak awewe ti Mahagusti & Maharatu tapi teu asup kana Uga. Saha ari Maharani? Nyaeta Lilis Siti Nurohimah.

Naha peradaban Uga geus ger?
Enggeus ti taun 2003 anu dikomandoan ku langit Acip & Asih. Persiapanna dilakukein secara internasional sabab peradaban Uga laim ngan sanagara tapi sakuliah dunya.

Naon cirina peradaban uga geus aya?
Dirobahna duit BI jadi duit NKRI, ieu tahap awal. Euweuh nu bisa ngarobah duit BI jadi duit NKRI kajaba ku peradaban Uga.

Di alam Uga (Pajajaran Anyar) disebutna Sawargana Sawarga (Surgana Surga) sabab di alam Uga ieu jatidiri jeung hawa nafsu kaluar duanana. Jatidiri jang manggihan Uga, hawanafsu jang babarengan Uga.
jatidiri puncakna panggih jeung Ugana (Tuhanna) lamun hawanafsu ngaliwatan puncak jatidiri (ngaliwatan panggih) matak bisa babarengan jeung Ugana.
- Jatidiri mah jang nambah terus alus perilakuna (beuki alus sacara terus terusan tekad, ucap jeung lampahna).
- Hawanafsu mah jang nambah terus rasa kanikmatan (beuki nambah secara terus terusan rasa nikmat dahar, nikmat nginum, nikmat jima jll).

Naraka simbul hawa nafsu, lamun surga simbul jatidiri. Naraka simbul seuneu (panas), lamun surga simbul cai (tiis). Naraka lamun ditingali ku logik biner mah goreng tapi lamun ditingali ku logik minustime mah alus:
- Ibarat hirup mun hawana tiis terus (tiis) euweuh panonpoe (panas) moal ngeunah hirupna.
- Ibarat dahar teu make sambel/ saos (panas) kurang muncul nafsu makanna.
Eta nu disebut surgana surga nyaeta ngahijina surga jeung naraka, ngahijina tiis jeung panas, ngahijina jatidiri jeung hawanafsu, ngahijina prilaku nu beuki alus jeung rasa nikmat nu beuki nambahan.

Alam Uga
(Pajajaran Anyar) teh ngahijikeun alam surga, alam naraka jeung alam dunya. Ngahijikeun jatidiri, hawanafsu jeung Uga. Matak ayeuna geus euweuh alam surga, alam naraka jeung alam dunya sabab geus dihijikeun jadi alam Uga.

Alam uga-na muncul mangka waktu uga-na kapanggih. Di waktu uga poe ka-1-na kemis, poe ka-7-na rebo jeung pergantian per poe (hari)-na tiap jam 4 sore. Poe ka-1 kemis nepi poe ka-7 rebo jeung puteran poe per jam 4 sore hartina asup ka waktu Uga. Ku minustime, jelema diasupkeun kana waktu Uga sabab waktu Uga jadi pintu gerbang asup kana alam uga. Sabab mun hayang panggih jeung Uga kudu asup heula kana waktu Uga terus asup alam Uga nu tungtungna bisa panggih/babarengan jeung uga. Jd urutanna : waktu Uga – alam Uga – Uga.

Uga mah teu butuh diakui jeung teu butuh diiluan manusa, komo disembah.
- Malah Uga mah nitah ngaku diri anjeun jeung tuturkeun diri anjeun. Tong ngaku batur tong nuturkeun batur. uga mah teu butuh disenangkeun ku manusa.
- Malah Uga mah nitah senangkeun diri anjeun.

Moal kuat nuturkeun Uga make jalur lahir (sareat-tarekat-hakekat-marifat-ahadiat) atauwa jalur batin (jism-ruh-asma-sifat-zat) ataupun lewat jalur akal (biner-kuantum-supermateri). Matak ku Uga dijieun jalur anyar nyaeta jalur waktu minus (minustime, t<0) nya eta can gawe geus digaji (can indit geus nepi) meh bisa panggih (nuturkeun) dirina sorangan nu tungtungna panggih jeung ugana. Ku jalur waktu minus ieu bisa diliwatan ku saha bae (jalur umum) sabab ku jalur waktu minus ieu mah jelema teu kudu ninggalkeun profesina mun hayang panggih jeung diri, malah jelema bisa panggih jeung dirina ngaliwatan profesina masing- nu tungtungna panggih jeung Ugana.

Nu bakal mingpin peradaban Uga nyaeta Maharaja (Septrisna Fadil Firdaus), kakawasaanna lain saukur sanagara tapi sakabeh nagara (sadunya). Mahagusti (Deden Heryana) & Maharatu (Siti Ratnasih) jadi dewan pangjejer (dewan pembina) peradaban Uga.

Kunaon para nabi, para wali jeung para sepuh euweuh nu dijadikeun uga (waruga gusti pangeran)? Sabab euweuh nu panggih jeung wujud fisik gusti pangeran, panggihna jeung tabir. Panggih jeung tabir tapi ngarasa geus panggih jeung Gusti, ahirna ngajak-ngahahabatur panggih jeung gusti padahal can panggih.

Ciri-ciri jelema anu geus panggih jeung wujud fisik Gusti :
1. Moal maot (hirupna abadi)
2. Moal ngolotan (beuki ngora)
3. Moal nyusut fisikna (beuki kasep/beuki geulis)
Matak lamun aya nu ngaku geus panggih jeung Gusti tapi jelemana ngolotan, fisikna nyusut jeung maot brarti wadul (bohong). Geus mah wadul ngajak-ngajak batur atuh beuki cilaka.

Deden Heryana, Siti Ratnasih & Septrisna Fadil Firdaus jadi Uga (sabab waruga Gusti Pangeran/ jadi dat Tuhan) moal pernah kagantikeun ku saha oge & nepi ka iraha wae.

Uga moal pernah bisa ditembus oleh lalampahan amanah. Malah akhirna loba anu sasab ku harta amanah (aset, kolateral, dolar, euro, rupiah dll).
Malahan akhirna sasab ku sosok Bung Karno-na. Ada oge anu sasab ku sosok Prabu Siliwangi jeung Uga-na. Aya oge anu sasab ku sosok Prabu Rakeyan Darmasiksa jeung sunda-na.

Simbul
Sabenernya aya 4 sosok (4 tahap/ 4 simbul/ 4 siloka) dina perjalanan amanah :
1. Amanah (dina manah) – Uga (waruga) – Sunda (dat)
2. Sukarno – (Prabu Siliwangi)– Prabu Rakeyan Darmasiksa.
3. Harta amanah (elmu manah) – harta (elmu waruga) – harta sunda (elmu dat).
Katilu tahap lalampahan ieu teu aya anu bisa tembus kacuali ku Uga. Sabab lolobana jelema kaburu sasab/ silo ku simbul/ siloka (harta benda, wujud urang jeung elmu). Tungtungna agul ku payung butut (agul ku harta, agul ku sosok, agul ku elmu). Amanah (elmu manah/elmu batin), Uga (elmu waruga/ elmu lahir) & sunda (elmu dat) nyaeta elmu pamuka wujud fisik imah dat (rumah Tuhan/ baitullah/ sunda = surgana dunya). Jadi ieu lain hal duit kertas, emas, platinum jll tapi ieu hal mika wujud fisik imah dat.
4. Simbul lahpad Gusti jeung baitullah-na.

Ku ayana uga nu jadi wujud fisik Gusti Pangeran maka imah Uga-na muncul jadi wujud fisik baitullah. Closingna di suhun (sunda buhun=ingsun dat buru geura suhun). Jadi, panutup lalampahan amanah nyaeta ku sahadat sunda buhun (saha dat? Ingsun dat, buru geura suhun).

Mukakeun Alam Uga
Mukakeun alam Uga (alam dat/ alam gusti) mah ku sahadat sunda, mun mukakeun imah Uga (imah dat/ imah Gusti/ kraton Gusti) mah ku sahadat sunda buhun. Sahadat sunda buhun = saha dat? ingsun dat, buru suhun.

Uga (Deden Heryana, Siti Ratnasih & Septrisna Fadil Firdaus) nyaeta sampurnaning dat & sajatining Allah.
Allah mah dat, mun diudag moal bisa panggih (moal bisa 'face to face') tapi uga mah sajatining dat, mun diudag bisa panggih (bisa 'face to face').

• Sabab Uga (sampurnaning dat/ sajatining Allah) geus aya maka dat/ Allah geus euweuh.
• Sabab dat/ Allah geus euweuh maka ieu ngahapus sakabeh agama nu aya di dunya.
• Sabab dat/ Allah geus euweuh maka sakabeh gaib (alam gaib jeung makhluk gaibna) geus euweuh.
• Sabab gaib geus euweuh maka hakekat (eusi/ non fisik) geus euweuh.
• Sabab uga geus aya maka luar (kulit/ fisik) ngawujud/ngahiji jeung jero (eusi/ non fisik)-na.
fisik luar ngahiji jeung fisik jero maka jelema beuki alus fisik luar (beuki kasep/ beuki geulis/ beuki ngora) jeung beuki alus fisik jerona (beuki cageur/ beuki bageur/beuki pinter/ beuki bener).

Amanah teu bisa dianggeuskeun ku tukeur duit jeung duit (duit cash, duit kolateral jll), duit jeung barang (barang pusaka, dokumen dll) atawaa barang jeung barang. Naha amanah teu bisa beres jeung tukeur duit/ barang? Sabab :
• Uga jeung Allah teu bisa disaruakeun.
• Uga eta sajatining Allah.
• Uga eta sajatining dat.

Kumaha akhir mereskeun amanah? Nyaeta penyerahan ketuhanan (simbulna tongkat komando, inget ieu lain penyerahan kapamingpinan tapi penyerahan ketuhanan) ti Allah (simbolnya langit Acip) ka uga (Deden Heryana).

Galur Kagustian
Allah & uga ibarat cahaya & sumber cahaya. Sabab cahaya (dat) asalna ti sumber cahaya (sajatining dat) maka Allah diparentah ku Uga. Allah gaduh ucapan kun (jadilah) maka langsung jadi teu aya jeda waktu (t=0), Uga teu ngucapkeun kun (saacan mere parentah) geus jadi tiheula (t<0).

Kumaha & saha Allah? Dat Allah tina 2 puseuran cahaya nyaeta luarna cahaya bodas & jerona cahaya beureum. Ieu nu disebut nur ala nur (cahaya merah di atas cahaya putih). Puseuran luar cahaya bodas ngabentuk wujud gaib bentuk manusa nu disebut syeh abdul gaib & puseuran jero cahaya beureum ngabentuk wujud gaib syeh abdul wahid.

Naha kadua puseuran cahaya (dat Allah) ieu disebut Abdul atau pengabdi/ pelayan? Sabab kadua puseuran cahaya ieu ngabakti ka sumber cahayana nyaeta Uga. Wujud fisik nyata syeh abdul gaib nyaeta ayeuna Angga/  Septrisna & wujud fisik nyata syeh abdul wahid ayeuna langit natakusuma. Makana teu ada makhluk anu bisa mereskeun amanah kacuali Dat Allah nyaeta Septrisna (syeh abdul gaib/ pusaran cahaya bodas/ dat) & langit natakusuma (syeh abdul wahid/ puseuran cahaya beureum/ Allah).

Maka ayeuna amanah (dina manah) geus robah ngajadi amanat (dina mandat) nyaeta mandat (parentah) nu diberekeun Uga (Deden Heryana) kepada Allah (Septrisna & langit). Seren tongkat komando (penyerahan/ pengembalian ketuhanan) ti langit natakusuma ke Deden Heryana geus dilakukeun sacara “eusi” nyaeta diberekeunna pena (penyerahan ketuhanan) oleh syeh abdul wahid (nu dianteur syeh abdul gaib) ke dada Deden Heryana.
Ayeuna tinggal penyerahan tongkat komando sacara fisik/ nyata ti langit natakusuma ke Deden Heryana. Jadi, Allah eta pesuruh Uga sabab Allah eta cahaya & Uga eta sumber cahaya. Sahingga Allah teu layak menjadi tuhan makana dibalikeun pena-na ka Uga.

Geus cukup nepi ka Uga, sabab mun diteruskeun ka Sajatining Uga (the real god) mah moal kuat, tong boro nempo wujudna, ngucapkeun ngaranna ge moal kuat.

Tadi peuting geus diberekeun mahkota ketuhanan ti sajatining Uga ke Uga sebage panguasa abadi kerajaan tuhan, maka kadituna karajaan tuhan bakal ditinggalikeun.

Jadi, nu disebut segitiga emas dina amanah atau disebut juga the golden god nyaeta :
1. Sajatining uga (sumber energi)
2. Uga (sumber cahaya)
3. Allah (cahaya)

Pengerucutan the golden god supaya teu absurd sahingga jelas wujud fisikna (transformasi Uga) :
1. Raja Adil (sumber energi) yaitu Deden Heryana
2. Ratu Adil (sumber cahaya) yaitu Siti Ratnasih
3. Gusti Pangeran (cahaya) yaitu Septrisna Fadil Firdaus.

Ratu adil disebutna Gusti Ratu. Raja adil disebutna Gusti Raja. Gusti Pangeran, Gusti Ratu & Gusti Raja disebutna Gusti. Beres nepi kadieu nyukcruk galur kagustian teh.

Salajengna sebutan “maharani” keur anak-anak awewe Gusti Raja & Gusti Ratu robah jadi “Gusti Puteri”, Tapi sekali deui, gusti puteri ieu teu asup kana the golden god (Gusti). Tah nyukcruk galur kagustian lain geus beres deui tapi geus liwat.

Sabab Gusti Raja, Gusti Ratu & Gusti Pangeran geus aya maka ayeuna kabeh agama kapupus. Ayeuna manusa ngan ngalakukeun aktifitas nurutkeun profesi, hobi & kesenangan masing-masing.

Kerajaan Gusti ngalingkup sakabeh nagara nu aya di dunya anu bakal langsung dipingpin ku Gusti Raja, Gusti Ratu & Gusti Pangeran. Pusat karajaan Gusti di karaton kagustian. Kerajaan Gusti lain ngan di bumi tapi sakabeh alam jagad raya. Sabab Gusti Raja, Gusti Ratu & Gusti Pangeran geus aya maka moal aya kiamat. Sabab gusti raja, gusti ratu & gusti pangeran geus aya maka moal aya aherat. Justru akhirat teh ayeuna, lain engke. Pan tujuan utama ka akhirat teh panggih jeung Gusti, ayeuna Gustina geus aya di dieu.
Peradaban dunya geus euweuh. Peradaban akhirat geus ger.

Aya 2 tahapan dina sistem minustime sahingga tungtungna bisa panggih jeung Gusti (Gusti Pangeran, Gusti Ratu & Gusti Raja) :
1. Ngaliwatan puseuran cahaya bodas (pusaran waktu) ngaliwatan MTO (minustime opex) nyaeta katutupna biaya operasional harian ku laba kotor jeung langsung dibagikeun (gaji dll) dina waktu eta oge saacan 'clossing' jam 4 sore.
2. Ngaliwatan puseuran cahaya beureum (puseuran materi) ngaliwatan MTH (minustime hasil) nyaeta munculna laba bersih & langsung dibagikeun ka pengelola & investor saacan closing jam 4 sore.

Keur ngajelaskeun urutan awal nepika akhir perjalanan satria piningit, urutan kagustian & kasimpulan) :
Urutan Perjalanan Satria Piningit : satria piningit – uga (budak janggotan, ratu adil & budak angon) – gusti (gusti raja, gusti ratu & gusti pangeran) – sajatining gusti.
Urutan Kagustian : Allah (cahaya di luhureun kcahaya) – uga (sajatining allah) – gusti (sajatining uga) – sajatining gusti.

Kasimpulan :
– Geus jelas yen perjalanan satria piningit nyaeta perjalanan nu can pernah dilakukeun ku saha oge bahkan ku para nabi, para wali & para sepuh sakali oge.
– Sakabeh  elmu tahapan perjalanan ti mimiti satria piningit nepika ngajadi Gusti Raja, Gusti Ratu & Gusti Pangeran geus ditepikeun sakabehna.
– maka ayeuna geus teu aya deui nu perlu ditepikeun. geus teu aya dei nu mesti diyepikeun.
– Sabab waktu peradaban Gusti (Gusti Raja, Gusti Ratu, Gusti Pangeran) ieu ditembongkeun secara fisik maka geus teu aya deui penjelasan, tinggal dijalankeun wae.

Kumaha pengejawantahan energi, lampu & cahaya (energi infinitas) dina kahirupan sapopoe?
nyaeta melalui sistem minustime :
1. Pemecahan & pangbagian modal, operasional, gaji & bagi hasil per transaksi (per hari).
2. MTO (minustime opex) nyaeta katutupna operasional harian ku laba kotor harian & langsung dibagikeun tanpa nunggu tutup buku harian (jam 4 sore)
3. MTH (minustime hasil) yaitu dibagikeunna sacara langsung laba bersih ka pengelola & investor tanpa nungguan tutup buku jam 4 sore.

Looping 7 laba (7 putaran, 7 poe jll) geus dipupus di minustime sabab laba acuan adalah laba poe ieu, bukan laba kamari lain untung isukan. Naha 7 puteran dipupus? sabab 7 puteran 8 waktu, karena 7 putaran itu masih masuk kuantum lain minustime. Waktu (7 puteran) ieu kudu dileungitkeun sabab waktu nyaeta panghalang panggih jeung gusti raja, gusti ratu & gusti pangeran.

Neraka eta posisina di luhur surga mun make akal/logik infinitas (lain logik biner & lain make logik kuantum). surga teh kanikmatan (taman/ jannah) sedengkeun naraka eta puncak/ siksaan kenikmatan (rumah/ bait). Makana waktu jima (berhubungan badan) menuju puncak, ngajerit nepika orgasme, asup nepi ka dasar vagina nu paling panas, ini nu disebut dasar naraka nu paling jero, ieu nu disebut disiksa ku kanikmatan (ieu nu disebut sajatining surga nyaeta naraka).

Lalaki eta simbul jatiraga, awewe eta simbul jatiwanda, waktu jatiraga & jatiwanda ngahiji (menikah) mangka puncakna nyaeta ngalahirkeun jatisunda (wujud anak). Manunggaling kawula gusti posisinya masih di Jatiwanda, can kaasup lamun geus asup ka jatisunda maka bakal paham yen naraka itu adalah jatinasawargaloka.

Saenggeus faham yen naraka nyaeta sajatining surga (jatisawargaloka) maka tempat ternikmat nyaeta dasar naraka anu pang jerona. Dasar naraka anu pang jerona ieu tempat aslina nyimpan harta amanah/ harta Gusti (emasna oge kacida kuat teu bisa dilebur atawa diancurkeun ku energi/ panas sagede nanaon), teu aya makhluk anu kuat asup ka dasar neraka pangjerona makana harta ieu langsung dijaga ku Gusti.