Tampilkan postingan dengan label sesebred. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label sesebred. Tampilkan semua postingan

Rabu, 16 Oktober 2019

KUMPULAN RARAKITAN LENGKEP

Rarakitan Silih Asih

Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono mondok jeung nyi mojang

Kuring hayang calanana
Hanjakal di Citalaga
Kuring bogoh ka anjeunna
Hanjakal boga tatangga

Tangkal hiris dibeungkeutan
Dibawa ka pasir alit
Nu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibere duit

Daun hiris daun sembung
Dibeungkeutan keur ka bandung
Omat geulis ulah pundung
Mun akang kapaksa nyandung

Daek soteh ka Cinangka,
Ka Cisitu mah teu purun.
Daek soteh ka manehna,
Ka nu itu mah teu purun.

Hayang teuing buah muris,
teu bisa ngasakanana.
Hayang teuing ka nu geulis,
Teu bisa ngakalanana

Daun saga daun pulus
Dibeungketan ku mang Didi
Saha itu anu mulus
Singhoreng kabogoh abdi

Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna.
lain babad lain tanding,
lain ka dinya aduna.

Rarakitan Piwuruk

Lamun urang ka Cikolé,
Moal hésé tumpak kahar.
Lamun urang boga gawé,
Moal hésé barang dahar.

Sing getol nginum jajamu,
Nu guna nguatkeun urat,
Sing getol néangan élmu,
Nu guna dunya ahérat.

Peupeujeuh ari geus cenghar
Jung indit ka balarea
Peupeujeuh ari geus beunghar
Ulah poho ka sarerea

Lamun dayang dahar noga,
Kudu daék nya meulina.
Lamun haying asup sorga,
Kudu getol nya sholatna.

Ti batan mawa pedang,
Mending gé mawa ragaji.
Ti batan ulin bagadang,
Mending gé diajar ngaji.

Ulah ngeumbing areuyan,
bisi lepot ninggang jurang.
Ulah teuing heuheureuyan,
bisi kolot meunang wiring.

Jauh-jauh ngala awi,
Nyiar-nyiar pimerangeun,
Jauh-jauh ngala kami,
Nyier-nyiar pimelangeun.

Lamun urang ka Cikole,
Moal hese tumpak kahar.
Lamun urang boga gawe,
Moal hese barangdahar.

Lamun urang ninun kanteh,
Ulah resep make poleng.
Lamun urang leutik keneh,
Ulah resep ngomong goreng.

Meugeus diangir ku jeungjing,
Geura ganti ku kihiang.
Meugeus pelesir tipeuting,
Geura ganti ku sambeang.

Sing getol nginum jajamu,
Nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
Nu guna dunya aherat.

Kumpulan Rarakitan Sesebred

Murak buah di Tunggilis
Aya apel aya huni
Rarasaan anu geulis
Ari pek teh nini-nini

Aya budak mawa casan,
Ngan hanjakal teu dibeli.
Aya budak gelis pisan,
Ngan hanjakal tara mandi.

Rarasaan ngala mayang,
Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
Teu nyaho cakeutreuk hideung.

Aya listrik di masigit,
Hanjakal moncor ka kolong.
Aya istri jangkung alit,
Hanjakal tonggongna bolong.

Majar manéh cengkéh konéng,
Kulit peuteuy dina nyiru.
Majar manéh lengkéh konéng,
Kulit beuteung mani nambru.

Ngimpi ngajul kembang tanjung,
ari meunang cau kepok.
Ngimpi tepung jeung nu jangkung,
ari gok jeung nu betekok.

Itu wayang ieu wayang,
Teu kawas wayang arjuna,
Itu hayang ieu hayang,
Teu kawas hayang ka dinya.

Nini-nini mawa cai
cai bodas ti susukan
nini-nini lari pagi
langsung pingsan na tanjakan

tipeting ngakan buah
buahna buah lohan
aya saha nu di sawah
aya budak bobogohan

hayu urang indit ka batak
di batak loba gareja
ari jalma huluna botak
ari peuting ca'ang huluna

di laut loba gurame
aya jama make tato
kunaon geuning rame
aya aki2 keur salto

isuk-isun jalan jalan
jalan jalan ka jawa
awewe geulis nu dijalan
pas seuri ompong huntuna

eta hakaneun tos basi
ti jakarta aya robot
budak gendut naek korsi
pas diuk langsung morobot

hayu urang nginum kopi
kopina pait ngabalakbak
atuh buka eta topi
pas dibuka huluna botak

aya bata aya genteng
jalma mabok jalma gelo
puguh maneh budak ganteng
tapi ngan matana belo

aya jama ngakan tape
tapena enak rasana
naha maneh cicing bae
nyahona ngompol na calana

Selasa, 15 Oktober 2019

KUMPULAN PAPARIKAN LENGKEP

Conto Paparikan Silih Asih

Rincik-rincik hujan leutik,
paralak hujan tambaga.
ngilik-ngilik ti leuleutik,
teu terang aya nu boga.


Kaso pondok kaso panjang,
kaso ngaroyom ka jalan,
sono mondok sono nganjang,
sono papanggih di jalan.


Haruman Gunung Haruman,
jeruk manis mapag lemo,
kaluman kuring kaluman,
urut pagalentor sono.


Leumeung teundeut cocongoan,
jalanna ka Rajagaluh,
meungpeung deukeut sosonoan,
jaga mah urang pajauh.


Cau ambon dikorangan,
malti ka pipir-pipir,
engkang nu ambon sorangan,
Nyai mah teu mikir-mikir.


Aya listrik di masigit
caangna ka pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
endahna kabina-bina


Baju hideung kancing tangan
dikaput ku merang awi
Nu hideung matak teu nangan
sing emut ka diri abdi


Baju tablo dibulao
Kembangna katuncar mawur
Ari bogoh mah ti bareto
Ngan ayena di incer ku batur


Beak daun beak randu
unggal poe dibikeunan
Beak taun beak windu
moal weleh dileukeunan


Boboko ragrag ti imah
ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
Ari balik sok leleungiteun


Kembang goyang jeung ermawar
pacampur jeung kacapiring
Hariwang rea kakelar
tagiwur teu genah cicing


Lampuyang nu cocongoan
bawaeun ka Rajagaluh
Ku hayang nya sosonoan
isuk mah urang pajauh


Leuleupeutan leuleuweungan
ngarah kekejoanana
Deudeukeutan reureujeungan
ngarah tetenjoanana


Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Da kabogoh direbut batur

Majar maneh nganyam samak
Neukteukan bari motongan
Majar maneh neang anak
Ngadeukeutan popotongan

Kapungkur aya di bandung
Ayeuna mah di pandaan
Duh enung ulah sok pundung
Yeuh akang sesah mendakan

Barangbang daun kalapa
Malang dina jalan suni
Sanajan nu indung bapa
Omat ulah wani wani

Samping hideung dina bilik
Kumaha nuhurkeun nana
Abdi nineung ku nu balik
Kumaha nuturkeun nana

Reundeu beureum reundeu hideung
Reundeu kayas solentangan
Beuki heubeul beuki nineung
Beuki lawas kaedanan

Rincik rincik hujan leutik
Paralak hujan tambaga
Nilik nilik mojang leutik
Teu terang aya nu boga

Batu turun keusik naek
Kalapa tonggoheun nana
Itu purun ieu daek
Sarua bogoheun nana

Ramanten buah ramanten
Ramanten di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Seungit kembang sumarsana
hawa angin ngadalingding
nu lai kieu rasana
nandang nyeri tanpa tanding

Carulang dipahpal kuda
hejo deui hejo deui
rek mulang samar kaduga
nenjo deui nenjo deui

Tangkal Manjah sisi lamping
tangkal putat keibunan
hate bungah tanpa tanding
nampi serat kikintunan

paparikan piwuruk


Samping kageutahan dukuh,
di kelas di kacaikeun.
Nu matak maneh sing kukuh,
papatah guru imankeun.


Hampelas raraga jati,
Palataran babalean,
Iklas raga reujeung pati,
Lantaran ti kahadean.


Peupeujeuh ari ka dayeuh,
Meuli kupat jeung gorengan,
Peupeujeuh ari geus euweuh,
Ulah ngupat kagorengan.


Cukleuk leuweung cukleuk lamping,
Jauh ka sintung kalapa,
Lieuk deungeun lieuk lain,
Jauh ka indung bapa.

Batu kali dina cai
Dina cai aya hurang
Punten abdi sanes ahli
Sepi harti kirang luang

Hayam jago boga dua
dipeuncit poe kamari
kudu getol ka sakola
sangkan jadi jalma ngarti

Ka pasar meuli kapiting
kapitingna tinggal dua
Ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana

Samemeh ngamparkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
saméméh nyalahkeun batur
tilik heula awak manéh

Ngala lauk meunang selar
bungkusna ku daun jati
Sakur mahluk nu gumelar
dipikaasih ku gusti

Sereh ti Gunung Koromong
dipelak di kolong sasak
Samemeh anjeun pok ngomong
pikir heula masing asak

Papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
Mun bisa miara letah
mokaha salamet diri

Nimbang pare deukeut pager
tumpukanana ngajajar
Tinimbang jeung udar-ider
leuwih hade ge diajar

Nanggap wayang diheulakeun
bodorna Cepot jeung Gareng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goreng

Kanikir siki kanikir
cangkudu meunang panimu
Kapikir beuki kapikir
hirup kudu loba elmu

Barangbang dahan kalapa
malang dina jalan suni
lamun hidep geus dewasa
kudu bisa jaga diri

Aya manuk dina pager
na sukuna aya bola
lamun hayang jadi pinter
kudu getol ka sakola


aya hiji balon rek bitu
sabab kagencet ku buhaya
naha urang sunda teh kitu
mopohokeun kana budaya


Ninyuh uyah ku cipati
Diwadahan piring gelas
Anu sabar eta pasti
Ku Allah dipikawelas


hayam jago boga dua
di peuncit poe kamari
kudu getol kasakola
sangkan jadi jalma ngarti

sore sore jeung bi titi
meuli daging ka mang agung
percuma jalma pangarti
lamun sifatna adigung


Nanggap wayang diheulakeun
Bodorna cepot jeung gareng
murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goreng

Bodorna cepot jeung gareng
Lucuna kabina bina
Lamun embung peunteun goreng
kudu getol diajarna


Cau naon cau naon
Cau keletuk Di juru
Bau naon bau naon
Bau hitu nungajuru


Saya ingin punya gitar
Gitarnya warna coklat
Saya ingin punya pacar
Pacarnya yang rajin sholat!


ere ere daun pare
meulak suuk disolokan
aya awewe eukeur sare
kacang na elok-elokan


cikaracak ninggang batu
laun laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun laun mah di lebok


Ka mana Jalan Ka Jogja
Ka ditu Ka Palih Wetan
Ka mana Jaln Ka Surga
Ka ditu Ka Pangaosan


Tangkal saledri tangkal kangkung
dijengkal baki didapur
aya istri dikerudung
hanjakal beuki salaki batur


Boboko ayakan kalo

cecempeh wadah gorengan
bobogohan ulah kaalo
matak loba kagorengan

daun pulus dilulunan

jojodog ti tarkolot
sugan tulus lalaunan
aya jodi pakokolot


Contoh paparikan bersifat sesebred


Damar kurung damar gantung,
damar siang pamidangan.
Mun teu tulus ka Si jangkung,
palangsiang kaedanan.


Aya listrik di masigit,
caangna kabina-bina,
aya istri jangkung alit,
karangan dina pipina.


Kaliki kembang kamangi,
lampuyang pamura beuteung,
indung jangkung bapa koneng,
anak bureuteu beuteung.


Tikukur macokan huni,
kecok deui-kecok deui,
beunang dipupur diponi,
dekok deui-dekok deui.


Kini-kini kuang-kuang,
akeup-akeup peupeureudeuyan,
nini-nini palay tuang,
diakeup peupeureudeuyan.

Basa pondok osok nyogok

basa panjang osok nyugak

Anu pondok jadi orok

anu panjang jadi budak


Caang bulan opat belas

teu kaduga ku poékna

Aya bujang baju bodas

teu kaduga ku korétna


Cai mulang cai malik

cai ngocor ka astana

Panon burial buncelik

da kadempét étanana


Cau naon cau naon

cau kulutuk di juru

Bau naon bau naon

bau nu hitut nungajuru


Cikaracak ninggang batu

laun-laun jadi legok

Tai cakcak ninggang huntu

laun-laun nya dilebok


Cikur jangkung jahé konéng

lampuyang pamura beuteung

Rarasaan jangkung konéng

puguh mah bureuteu hideung


Daun jarak dibeungkeutan

dibawa ka jalan gedé

Anu harak ngadeukeutan

hayangeun dibawa hadé


Écét écét oét oét

ngaronda ngarurek belut

Kapélét kuring kapélét

ku randa nu gedé hitut


És lilin kalapa muda

dibawa diorong-dorong

Abdi resep ka nyi randa

lamun mandi sok ditoong


És lilin ku amis tiis

leuwih ngeunah ti és télér

Abdi isin ku nu geulis

dikiceupan jol ngagolér


Ka Bandung tuluy ka Bogor

di Cianjur meuli bonténg

Kasiksa boga kabogoh

sungutna bau spiténg


Ka Banjaran ka Cikajang

ka Lembang ka Pamonokan

Panasaran ku nu lenjang

hayang nyobaan mondokan


Kéréték kudana beureum

ditumpakan anak Cina

Kapélét ku randa eusleum

unggal poé kuring jinah


Ki Hiang nu meunang nuar

disugu pikeun jualeun

Kahayang meunang nu beunghar

puguh mah jalma kuuleun


Lima kirang tilu dua

nu ngitung tos bener deui

Waos tilu punglak dua

kantunna tos ungger deui


Manuk kaak macok kupat

kecok deui kecok deui

Diwedak reujeung disipat

dekok deui dekok deui


Meuleum manggu tengah poé

dicokélan kayu api

Malem minggu ninggang sué

diapélan aki-aki


Meuli topi meuli koper

selop rumput dibungkusan

Nyai koki ngaku pinter

ngesop buntuk ditungguan


Pa Suma gawéna dahar

mun bedug bakal ditéwak

Percuma dibéré beunghar

mun budug saawak-awak


Pipiti di bunga wari

kaso panjang diteukteukan

Resep ka randa kiwari

sono nganjang deudeukeutan


Pipiti dibunga wari

téténong dibobokoan

Lalaki jaman kiwari

hadé omong pangoloan


Poé Saptu poé Kemis

salasa heuleut-heuleutan

Saha itu muril kumis

leumpangna eundeuk-eundeukan


Sada ketuk sada kenong

sada suling eujeung goong

Huntuna nyénghol katémbong

lamun ngomong bau jigong


Ti Lélés ka Kadungora

jalana mani molongpong

Baheula nini téh ngora

ayeuna mah enggeus ompong


Turub cupu buli-buli

dipaké wadah hangasa

Daék sukur teu paduli

kami gé da moal maksa