Selasa, 29 Oktober 2019

PANTA PANTA MAHLUK DINA NASKAH AMANAT GALUNGGUNG

By Deden Heryana

Sampura sun, hampura ingsun!
Dina naskah Amanat Galunggung aya panta-panta mahluk di alam dunya. Di dinya mahluk disebut janma (lain jalma). Boga lima panta nyaeta : 
1. Janma tumuwuh (tutuwuhan). 
2.Janma triak (sato). 
3. Janma wong (jelema 1/2 sato). 
4. Janma siwong (jelema nu geus make otak jeung rasa) jeung 
5. Janma wastu siwong ( jelema nu geus ma'rifat). 

Emut ngaran Wastu Kancana, tos didinya level anjeunna. Janma Tumuwuh, hirup samemeh aya janma Triak (triasic-jurasic) jst. Janma siWong/ cerdas kacaritakeun karek berkembang 100 rewu taun katukang. (Homo sapien) Umur dunya lima milyar taun. Tangkal wiwitan, sapuk disebut tangkal paku puluhan yuta taun katukang. Nu matak aya ...galuh pakuan - pakuan padjadjaran. Aya jeung euweuh bisa dideukeutkeun dina angka matematika sarua jeung wilangan numerik binary - hiji jeung enol.... lamun hiji dibagi enol disebutna 'tanpa wates wangenan'- infinity - tak hingga. tapi lamun enol dibagi hiji, nya tetep enol. Eta angka binary anu jadi 'nyawa'na komputer tug nepi ka kiwari. Komputer bisa 'hirup' ku ka aya na hiji jeung euweuhna enol ! Empirik geus ngabuktikeun kitu. Komputer teh buatan janma siWong.... ari janma siWong buatan saha? 

Tah eta rupina anu disebut kujang papasangan teh. Manga geura emutan KUuJANG...naon anu diteangan teh? rengse saheulaaneun.... Cag..! 

Rampes...rampa salira.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar