Panolak Teluh
Siriwi kula siratin , Mina haji kurawul kabuli badan , Papag papupang-pulang
Cunduk nyungcung datang rahayu , Anu runtuh sira nu gempur , Nu ngadek sira nu paeh
Nu nyimbeuh sira nu baseuh , Nu nyundut sira nu tutung , Nya aing Ceda Wisesa
Panca buana di buana panca tengah Tiis ti peuting ngeunah ti beurang Ngeunah ku Allah Taala , Ya Allah hurip waras (3 X)
Jampe Beunghak Beuteung
Cakakak di leuweung , Injuk talina
Dihakan dibeuweung , Hitut jadina
Plong blos plong blong………
Asihan
Samping aing kebet lereng , ditilik ti gigir lenggik , diteuteup ti hareup sieup
mikaeunteup mikasieup , mangka eunteup mangka sieup , ka awaking
awaking ratu asihan , ti luhur kuwung-kuwungan , ti handap teja mentrangan
ditilik ti tukang lenggik , di tilik ti gigir sieup , mangka eunteup mangka sieup
asih…asih… asih…. , asih ka badan awaking.
Pelet
Bismillah , Kum awewe
Wataji kulhu absar , Wahuwa Latiful Khabil
Sabulan sang ratu nu colalang , Sabulan mangrupi , Dua putri mananjo
Tujuh bulan kolot , Salapan bulan sang goledah , Gereleng putih
Jig ka cai ngadon ceurik , Jig ka darat ngadon midangdam , Jig ka imah asa jobong koong
Kop cai asa tuak bari , Kop dahar asa tatal bobo , Kaula nyaho ngaran sia…si…….
Asihan
Bali meneng tunggal meneng Alat-alat parah meneng ,Ah meneng sajagat kabéhInga sia di mana meuting Di puncak di angkasa
Sia diliputan ku halimun Dilanat ku mega bodas
Bayu sia pédah kabatu Bayah sia pédah ku catang
Seuweu komo ringkep Seuweu ménak komo hayang
Nu asih pahiri-hiri Nu hayang paheula-heula
Rét nu haying Rét nu asih
Nya aing ratu asihan
Ya Alloh Ya Rosul
Ya Muhammad Ya Adam
Kinasihan (dibaca oleh wanita)
Kayamu di samudaya Ngalih ka pancana
Matak linglung ti peuting Gundam ti beurang
Pas inget ka jalma si aa
Bayu sia di gandrung Basa sia dibawa
Deukeut aa sing kadeuleu Jauh aa geura tuturkeun dimana baé.
Asihan
Asihan aing si panah rasa Rasa dipanah ku cipta isun
Juh teleng alip nu ngadeg di tungtung
Kulincer nu ngulincer haténa si…….
Kaedanan ku harta La illaha illaloh Muhammaddarosululloh 41 x.
Kinasihan (untuk pria dan wanita)
(untuk pria dan wanita)
Ratu manan ratu gayaga
Ngaran menak kamana ka holan
Jalma ngancik sia Kuwu panutan aing
Aing panutan sia Sia geura manut ka aing
Asihan
mat mat kalemat,
pangemat ka nu ngaran si ……….
eundeur sadayeuh, géhgér sabalé,
komo ratu komo rusuh,
déwata nu matak hayem, mangka welas mangka asih,
asih ka badan awaking.
Jampé Awét Ngora
nyiuk sinujm mara sinum, hiyang sionum barasatan,
nu ngariung siga tunggul, nu ngalayah siga kalakay,
ulah mupul sari aing, ulah mupul sisi aing,
ulah mupul sila aing, sari si itu si éta,
cahaya beunang ku aing.
Pélét
Kaayana di kamada
Ngalih ka pancana
Matak linglung ti peuting
Gundam ti beurang
Ras inget ka jalmi si aa
Pelet
Bismillahirahmanirrahim
Amatkeun sejaron guyang
Teteger aya di pasar
Gagamana suda lanang saking suarga
Lamun sabetkeun ka gunung Gugut
Ka lautan saat, ka bumi bengkah
Lamun disabetkeun ka langit tujuh amblas
Lamun disabetkeun ka si pulan
Tunduk runtut raut babarengan sareng kakasihku
Lamun keur ulin balik
Lamun keur saré sina hudang
Lamun geus hudang titah diuk
Lamun geus diuk lengkahkeun ka imah
Ngadeukeutkeun kakasihna
Lailahailallah Muhammadarosulullah
‘Jampi Menghindarkan Rasa Takut’:
Sima sia sima aing
Sima sia aya di aing
‘Wibawamu wibawaku
Wibawamu ada padaku’
Jampe Geumpeur ‘Jampi Grogi’:
Bismillahirrahmanirrahim
Allahumma roh madep
Cahaya hurip hurip ku cahaya
Roh kudus madep hurip ku cahaya Allah
Somad somud kalawan roh idofi
Kang angadeg
Hurip ku cahaya Allah
Roh hurip ku cahaya Allah
Madep maring Allah ku Allah (2X)
‘Bismillahirrahmanirrahim
Allahumma ruh menghadap
Cahaya hidup hidup oleh cahaya
Ruh kudus hiduplah oleh cahaya Allah
Somad somud beserta ruh idofi
Yang berdiri
Hidup karena cahaya ruh
Menghadap Allah karena Allah (2x)
Nyarang Hujan
Mega mengkol ka kulon
Haseup mawa ka kaler
Hujan mawa ngetan
Tungkul tuluy ka kidul
Aki tumenggung ajeg di tengah panggung
Disered meped ngaler, ngetan, ngidul, ngulon
Laahaula wala quwwata illa billaah
Menahan Hujan
Mega belok ke barat
Asap ke utara
Hujan ke timur
Tunduk lalu ke selatan
Kakek tumenggung tegak di tengah panggung
Diseret menepi ke utara, timur, selatan, barat
Laahaula wala quwwata illa billaah
Jampe Lumpat
Bismillahaahir rahmaanir rahim
Pur puyuh
Cleng peucang
Jagat ngariut
Batu beukah
Durungkeun ku sang dewa
Tidak ada komentar:
Posting Komentar