Rabu, 06 November 2019

KUMPULAN ASIHAN JEUNG PELET

By Deden Heryana

1. ASIHAN MANDI
Bismillah, syahadat ka kanjeng Rasul
Cur nyuhcur, cahayaning Rosul
Gumilang cahayaning Muhammad
Herang caina ti kodrat
Allahu, yaa Alllahu (3 kali)
Cuuur, Cuuur, Cuuur
(Dibaca unggal rek mandi ku cai)

2. ASIHAN ARJUNA 
Bismillah ancik-ancik kencana gumilang ciboke canting salaka halimah ngaranging uyah lewana ngaraning asem teka welas teka asih jangleng asih salirane arjuna telor asih sih asih (nama target) karaga badan awaking awaking raja asihan rep sumerep ka badan awaking awaking raja asihan

3. ASIHAN SABEULIT BUMI
Asihan sabeulit bumi
Asehan salinlang buana
Brag asih da di asih
Nu asih lungguh na biwir
Nu haat lungguh na soca
Roh tuk-truk tuh badan si anu(....)
Mangka welas, mangka asih
Raat asih ka badan awaking.

4. AJIAN PUTER GILING
Uluk-uluk nabi daud yapatahu yarozaku silalajug siladeku sing tunduk ka awaking akmana, sukmana, bayuna, hate’na, ingetanana si [sebut nama target] bin [nama ayah target] ya rohmanu yarohimu.

5. ASIHAN SI LEUGEUT TEUREUP
Asihan aing Si Leugeut Teureup
Ti tetel ti amburateul
Rapet napel kana udeul
Mangka eunteup mangka asih
Si (.......sebutkeun ngaranna) Asih ka awak aing

6. ASIHAN SEMAR MESEM
Angkang ingking nanggung rinjing jol si togog lar si semar
aha ehe ngajar seuri, nya aing ratu-ratu asihan
mangka welas mangka asih  (.......sebutkeun ngaranna) ka awaking (dibaca 313 x)

Carana ;
-Adus heula
-puasa 3 poe ditutup ku matigeni
-dibaca jam 23:00

7. KASEMARAN
Asihan aing siku mat mesem arana kinasihan,
si teuel si kura teuel pel gera napel si (.......sebutkeun ngaranna)
 Ka awaking yeup tuturkeun aing ka mana bae.
Puasa sapoe sapeuting ,mantra dibacakeur puasa melek.

8. ASIHAN (KHUSUS BACAEUN ISTRI)
Samping aing kebat lereng, ditilik ti gigir lenggik, diteuteup ti hareup sieup
mikaenteup mikasieup, mangka eunteup mangka sieup ka awaking ratu asihan
ti luhur kuwung kuwungan, 
ti handap teja mentrangan 
ditilik ti tukang lenggik
ditilik ti gigir sieup, mangka eunteup mangka sieup
asih...asih...asih...
asih ka badan awaking

9. PELET QULHU ABSAR (ASMA AL LATIF)
Bismillah, Kum awewe
Wataji kulhu absar, Wahuwa Latiful Khabir
Sabulan sang ratu nu colalang, Sabulan mangrupi, Dua putri mananjo
Tujuh bulan kolot, Salapan bulan sang goledah, Gereleng putih
Jig ka cai ngadon ceurik, Jig ka darat ngadon midangdam, Jig ka imah asa jobong kosong
Kop cai asa tuak bari, Kop dahar asa tatal bobo, Kaula nyaho ngaran sia…si.............

10. ASIHAN NENGGALA 
Bali meneng tunggal meneng Alat-alat parah meneng,
Ah meneng sajagat kabéh
Inga sia di mana meuting Di puncak di angkasa
Sia diliputan ku halimun Dilanat ku mega bodas
Bayu sia pédah kabatu Bayah sia pédah ku catang
Seuweu komo ringkep  Seuweu ménak komo hayang
Nu asih pahiri-hiri Nu hayang paheula-heula
Rét nu haying Rét nu asih
Nya aing ratu asihan
Ya Alloh Ya Rosul
Ya Muhammad Ya Adam

11. ASIHAN PANAH RASA
Asihan aing si panah rasa Rasa dipanah ku cipta isun
Juh teleng alip nu ngadeg di tungtung
Kulincer nu ngulincer haténa si…….(sebutkeun ngaranna )
Kaedanan ku harta La illaha illaloh Muhammaddarosululloh
(dibaca jam 11 peuting 41 x.)

12. PELET RUNCANG 1
Bismillahirahmanirrahim
Amatkeun sejaron guyang
Teteger aya di pasar
Gagamanna suda lanang saking suwarga
Lamun sabetkeun ka gunung Gugut
Ka lautan saat, ka bumi bengkah
Lamun disabetkeun ka langit tujuh amblas
Lamun disabetkeun ka si .......(sebutkeun ngarana )
Tunduk runtut raut babarengan sareng kakasihku
Lamun keur ulin balik
Lamun keur saré sina hudang
Lamun geus hudang titah diuk
Lamun geus diuk lengkahkeun ka imah
Ngadeukeutkeun kakasihna
Lailahailallah Muhammadarosulullah

13. PELET RUNCANG 2
Nini sangguriang aki sangguriang, deuleu teuteu runcang,
deuleu dideuleu teu matak weureu, disoreang hayang keneh,
dideuleu ti gigir lenggik dideuleu ti tukang lenjang dideuleu ti hareup sieup,
mangka sieup kana peunteu mangka narimang kana raga mangka welas mangka asih ka awaking ratu asihan

Carana :
dipuasan 3 senen jeung 3 kemis, dibaca 33X/101X sa enggeus shalat fardhu.

14. RUNCANG TUNDANG
Meong Pundung datang ampun
Badak galak datang depa
Orai laki datang numpi
Asihan aing si Runcang Tundang
dI tundang di bawa pulang
di kandung di bawa duduk
Siuk Hujan di Gunung
Di Guntur Hujan Ci remis panon sia (sebat ngarana)
Sing Deduh jeung nyaah ka kawula
Kawula lalananging Jagad

* Wahuwa ma akum ainama kuntum,wa allahu bima ta'maluna Basyir.....33x

15. KINASIHAN (Kanggo isteri & pameget)
Ratu manan ratu gayaga
Ngaran menak ka mana ka holan
Jalma ngancik sia Kuwu panutan aing
Aing panutan sia Sia geura manut ka aing

16. ASIHAN KALEMAT
Mat mat kalemat,
pangemat ka nu ngaran si ……….
eundeur sadayeuh, géhgér sabalé,
komo ratu komo rusuh,
déwata nu matak hayem, mangka welas mangka asih,
asih ka badan awaking.

17. PELET  KAMADA
Kaayana di kamada
Ngalih ka pancana
Matak linglung ti peuting
Gundam ti beurang
Ras inget ka jalmi si aa

18. AJIAN PUTER GILING SUKMA
Wa Zallalnaha (nama target) lahum faminha (nama target) rakubuhum (nama target) wa minha ya’kulun.
Carana :
- Puasa mutih 55 poe tuluy. 
- Baca 99 x bakda sholat magrib baca 99 x bakda sholat subuh.
- Lakukeun 7 poe.
- Beuki kuat lamun nyepeng barang milik tujuan & diputer-puter.

19. RUNCANG SIMAMULYA
- Shalat hajat 4 rakaat pada tengah peuting. Tuluy baca Syahadat 3x, Istigfar 100x, Yaa Rohman, Ya Rohim 100x
-,Bacalah wirid pengasihan :
Walau ana qur’aanan suyi’rat bihil jibaalu alu quth thi’at bihil ardhu aw kullima bihil maut ballilahil amru jamii’a, 11 kali.
- Ucapkeun permintaan doa terhadap hajat & sebut nama obyek 3 kali.

20. PELET KI LAMSIJAN 
Tunjuk aing simarincung
ditunjuk ku dua mangkuk
diondang sangkala datang
bayu sia geus ditungtun
atma sia geus dibawa
kurungan sia di aing

teu wedi paseuri seuri
teu weudeu padeuleu-deuleu
tepung tingal mendak layan
amprok jongok manggih jodo
…..aing tuturkeun! (nama wanita idaman)

22. PELET NYI CEPLEU
Ka cai sia ngadon ceurik
ka darat sia ngadon midangdam
datangkeun sia belang
deukeutkeun sia kelong
selenteng angen sia ka aing
ret hayang ret asih
asih ka badan aing
tuturkeun uing Kang……. (nama pria dimaksud)

Bisi salah sasaran, baca ieu antina :
Imut aing imut kunyuk
seuri aing seuri lutung
sora aing sora domba
tangtung jiwa anu burung
lengkah kawas anu siwah
angin malik ka jadina
gendam mulang ka asalna
pelet hamo daek masket.

23. ASIHAN PUCUK GADUNG
Tuli Asihan Aing Si Pucuk Gadung
Nu sa taruk Matak Lanjung
Nu sa Ciwit Matak Ceurik

Jig Ka Cai Ngadon Ceurik
Jig Ka Darat Ngadon Midangdaman
Cai Asa Tuak Bari
Kejo Asa Tatal Bobo
Asihan aing ka NYI.........(Sebat ngarana)
Nu jauh masing Carunduk
Nu Anggang sing Daratang

24. ASIHAN SILEUGEUT TEUREUP
Asihan Aing Si legeut Teureup
Nu cepel Lir getah teureup
Tel Sing Amoratel Sa Jagad Wawayangan
Ke tarek hate ka pentang cinta asmara
maka dedeuh maka welas asih ka awaking. berkat la illa ha il

Tidak ada komentar:

Posting Komentar