Kamis, 14 November 2019

KUMPULAN JANGJAWOKAN

By Deden Heryana

Jangjawokan Lulut Kana Lauk
Asihan aing Si Bangbarang Hérang
asih nu saleuwi sono nu sasédong
Ret puret nu karengkep aing.

Jangjawokan Mandi
cahaya mamandi cahya
ya iku anganggo cahyaning macan gebong
maka wulung ati
digugul sia bagulong-gulong
beunang gulungan pantang sia bagolong
tek anceup tek sieup ka awaking

Jangjawokan Paranti Bebedil Supaya Ulah Nyalahan Mimis
Caramaya isun angkongkon maring sira
pangbedahkeun aing Sang Badigul Putih
ku sang Baju Badigul Putih
ka sawakcané kanu pernah
tuh sawarga nira.

Jangjawokan Paranti Kana Bedil Supaya Ulah Keuna Ku Harus
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Isun ngaran nira sadurungé ana bumi langit
Sang Diwulat aran nira
nursih maring isun.
Jangjawokan Paranti Ngajajamuan Awéwé Supaya Jadi Parawan Deui
Saratna dina buah cau kulutuk anu sacinggir gedéna lobana opat belas ésé. Puasa sapoé sapeuting. Ieu du’ana:
Bismillahirrohmanirrohim
Kulit raket otot raket
daging raket balung raket
pet pet dipepetan.

Jangjawokan Maké Minyak
Minyak aing minyak watu
dipidu di sihung maung
diocék di panonpoé
sekar taji suru gajah
nya gajah tunggal katau
wus kabeubeur
wus kabeungkeut atina si anu
atawa atina wong sajagad kabéh

Jangjawokan Lamun Paré Kurang Eusi
Ashadulallaillahaillalloh
waashaduannamuhammadarrosululloh.
Jimat aku jangkaring sahadat
puhu rasa godong hurip
sirulloh rasul kang asup cangkang
muhammad bungkulung manah. Tamat

Jangjawokan Panganggo Patani ti Awit Naék kana Leuit Paranti kana Tarajé
Puhaci Kéwuan Larang
Puhaci Rantayan Jati Aran Panggolong
Puhaci Sara Gimansari
wawuh sira ma ngambung sa énjak-énjak
saréna saeutik mahi hanteu réa nyésa
puhaci lantaran hérang
puhaci lantaran manik
puhaci lembut putih ana persandak

Jangjawokan Paranti asup kana leuit
Buah sukma peupeuk nu peupeuk Sang Batara Jati
ulah gédér ulah reuwas
mangga unggut kalindungan
ulah gedag kaanginan
ieu geus sia dilemah putih kasucianana.

Jangjawokan Paranti Neundeun Enggon atawa Telebug keur Paré
Gunung manik aniten
sampakeun para déwata
aran gunung Puhaci Amaran Jati Amparan.

Jangjawokan Ka Nu Tinggaleun Supaya Teu Leungit atawa Dipaok
Tinggaling sukma aran wawayangan tengah
aran nu ngaraksa lumbung
Puhaci lantaran hérang
Puhaci lantaran manik

Jangjawokan Paranti rék Nyokot Paré
Nurulloh sirulloh
seri ambu leungeun ngadatangkeun
nya aing Ambu Puhaci Ratna Kasih
deudeum sukma pepek langgeng
tan kenang owah. Tamat

Jangjawokan Netepkeun Béas
manik larang ngaran nu tapa di jéro béas
puhaci lénggang hérang
puhaci leunteur putih nu mangku sajagat kabéh
ngaran dalu-dalu puhaci gelungan jati
ngaran kéjo puhaci lémok larang
ngaran gigih puhaci lempungan rasa
ngaran réméh puhaci naga talétéh
ngaran anu nungguan imah nini bermana aki bermana
ngaran anu dina lawang imah nini gandaré aki gandaré
ngaran longlongan nini Karamat aki Karamyang
ngaran anu di girang nini iles aki iles
ngarana anu di hilir nini déwa kasih
nya aing sira mangambuh
sira mangambuh saéncak-éncak
saréana saeutik mahi hanteu réa nyésa
Puhaci Megat Rasa
Puhaci nu aya di wétan Sri Mangebarung
Puhaci nu aya di kidul Sri Mangundur
Puhaci nu aya di kalér Sri Mandalarang
Puhaci nu aya di kulon Sri Mandala Putih

Jangjawokan Ngingu Sapi
Sia abus kenur tambang taya ngaran
sia eukeur tapa di gunung di kahiayangan
rasa sia rasa awaking rasa sia

Jangjawokan Ngingu Ingon-Ingon
Sang Sawara Nini Kumantang Aki Kumantang
duwé putih Sang Putilang mang liat mangala-ala
sawara sia sawara awaking
Andini Apus Buyut Cangah ngaran sia
eukeur tapa di jero
beunang bubu putih
wangsa tingal mantra sia
nya aing batara sia

Jangjawokan Arék Mandi
Nawaétu Ranggani namaning istri
dat ludiat dat cahyaning pangéran
jisim abdi ngangken cahyaning pangéran

Jangjawokan Nyerepkeun Élmu dina Sapoé Sapeuting
Seri Tapa Mulanggana
awak panipuh buana
anyipuh Sang Hyang Tapa
nur dat nur sipat
nurtes bakaling manusa
trét cai bakaling manusa
lailaha ilalloh Muhammad darosululloh

Jangjawokan Nyaba
saméméh indit kudu ngagedig bumi tilu kali sarta maca:
bumi tuli jagat buta
rep peteng wong sajagat kabéh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar