Selasa, 26 November 2019

KUMPULAN JAMPE PAMULANG TELUH

By Deden Heryana

PAMULANG TELUH I
Allohuma balik sumpah wahid,roh beureum nyawa bodas
daun di bunteul ku daun
bisi aya nu sirik ti kidul,pamulangkeun deui ka kidul
bisi aya nu sirik ti kaler,pamulangkeun deui ka kaler
bisi aya nu sirik ti wetan,pamulangkeun deui ka wetan
bisi aya nu sirik ti kulon,pamulangkeun deui ka kulon
pur sapamulang,pamulang pamayangsari
sari pamulang rasa,rasa pamulang cahaya
pamulangkeun rasa kaula kanu sirik pidik jail kaniyaya
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

PAMULANG TELUH II
aing nyaho asal sia ratu teluh ti gunung agung
aing weruh dumuk sia si sang ratu ceda cawal buah reumbay
sang ratu gereleng herang baya, baya tan ku baya
nya sia nu baya ta mah hirup ku pangaweruh
waras ku pangawasa hiding ! hiding ! hiding !
istan ! istan ! istan !
mangprung ka gunung agung ka asal sia ,malik kana diri..."

PAMULANG TELUH III
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti kidul, di pulangken deui ka kidul,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti kulon, di pulangken deui ka kulon,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti kaler, di pulangken deui ka kaler,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti wetan, di pulangken deui ka wetan,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti luhur, di pulangken deui kaluhur,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti handap, di pulangken deui ka handap,
Blek bumi blek langit, blek nu dikawasaken, nya aing nu dikawasaken / nya (…sebutkeun ngaran nu geringna ) nudikawasaken, tawa aing tawa Galunggung ditawa kusang idu putih nu calik di Pangarengan, tawa tawe-tawa tawe di tawa ku sang idu putih ah tawa ku sang idu putih, aing nyaho diratu teluh, Sang Ratu Geleber Putih, nu calik di gunung Gulunggung.

PAMULANG TELUH IV
Siriwi kula siratin , Mina haji kurawul kabuli badan , 
Papag papupang-pulang, Cunduk nyungcung datang rahayu , 
Anu runtuh sira nu gempur , Nu ngadek sira nu paeh,

Nu nyimbeuh sira nu baseuh , Nu nyundut sira nu tutung,
Nya aing Ceda Wisesa Panca buana di buana panca tengah , 
Tiis ti peuting ngeunah ti beurang Ngeunah ku Allah Taala , 
Ya Allah hurip waras (3 X)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar