Tampilkan postingan dengan label jampe. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label jampe. Tampilkan semua postingan

Rabu, 27 November 2019

KUMPULAN MANTRA SUNDA

By Deden Heryana

Panolak Teluh

Siriwi kula siratin , Mina haji kurawul kabuli badan , Papag papupang-pulang
Cunduk nyungcung datang rahayu , Anu runtuh sira nu gempur , Nu ngadek sira nu paeh
Nu nyimbeuh sira nu baseuh , Nu nyundut sira nu tutung , Nya aing Ceda Wisesa
Panca buana di buana panca tengah 
 Tiis ti peuting ngeunah ti beurang Ngeunah ku Allah Taala , Ya Allah hurip waras (3 X)

Jampe Beunghak Beuteung
Cakakak di leuweung , Injuk talina
Dihakan dibeuweung , Hitut jadina
Plong blos plong blong………

Asihan
Samping aing kebet lereng , ditilik ti gigir lenggik , diteuteup ti hareup sieup
mikaeunteup mikasieup , mangka eunteup mangka sieup , ka awaking
awaking ratu asihan , ti luhur kuwung-kuwungan , ti handap teja mentrangan
ditilik ti tukang lenggik , di tilik ti gigir sieup , mangka eunteup mangka sieup
asih…asih… asih…. , asih ka badan awaking.

Pelet
Bismillah , Kum awewe
Wataji kulhu absar , Wahuwa Latiful Khabil
Sabulan sang ratu nu colalang , Sabulan mangrupi , Dua putri mananjo
Tujuh bulan kolot , Salapan bulan sang goledah , Gereleng putih
Jig ka cai ngadon ceurik , Jig ka darat ngadon midangdam , Jig ka imah asa jobong koong
Kop cai asa tuak bari ,  Kop dahar asa tatal bobo , Kaula nyaho ngaran sia…si…….

Asihan

Bali meneng tunggal meneng Alat-alat parah meneng ,Ah meneng sajagat kabéhInga sia di mana meuting Di puncak di angkasa

Sia diliputan ku halimun Dilanat ku mega bodas

Bayu sia pédah kabatu Bayah sia pédah ku catang

Seuweu komo ringkep  Seuweu ménak komo hayang

Nu asih pahiri-hiri Nu hayang paheula-heula

Rét nu haying Rét nu asih

Nya aing ratu asihan

Ya Alloh Ya Rosul

Ya Muhammad Ya Adam

Kinasihan (dibaca oleh wanita)

Kayamu di samudaya Ngalih ka pancana

Matak linglung ti peuting Gundam ti beurang

Pas inget ka jalma si aa

Bayu sia di gandrung Basa sia dibawa

Deukeut aa sing kadeuleu Jauh aa geura tuturkeun dimana baé.

Asihan

Asihan aing si panah rasa Rasa dipanah ku cipta isun

Juh teleng alip nu ngadeg di tungtung

Kulincer nu ngulincer haténa si…….

Kaedanan ku harta La illaha illaloh Muhammaddarosululloh 41 x.

Kinasihan (untuk pria dan wanita)

(untuk pria dan wanita)

Ratu manan ratu gayaga

Ngaran menak kamana ka holan

Jalma ngancik sia Kuwu panutan aing

Aing panutan sia Sia geura manut ka aing

Asihan

mat mat kalemat,

pangemat ka nu ngaran si ……….

eundeur sadayeuh, géhgér sabalé,

komo ratu komo rusuh,

déwata nu matak hayem, mangka welas mangka asih,

asih ka badan awaking.

Jampé Awét Ngora

nyiuk sinujm mara sinum, hiyang sionum barasatan,

nu ngariung siga tunggul, nu ngalayah siga kalakay,

ulah mupul sari aing, ulah mupul sisi aing,

ulah mupul sila aing, sari si itu si éta,

cahaya beunang ku aing.

Pélét

Kaayana di kamada

Ngalih ka pancana

Matak linglung ti peuting

Gundam ti beurang

Ras inget ka jalmi si aa

Pelet

Bismillahirahmanirrahim

Amatkeun sejaron guyang

Teteger aya di pasar

Gagamana suda lanang saking suarga

Lamun sabetkeun ka gunung Gugut

Ka lautan saat, ka bumi bengkah

Lamun disabetkeun ka langit tujuh amblas

Lamun disabetkeun ka si pulan

Tunduk runtut raut babarengan sareng kakasihku

Lamun keur ulin balik

Lamun keur saré sina hudang

Lamun geus hudang titah diuk

Lamun geus diuk lengkahkeun ka imah

Ngadeukeutkeun kakasihna

Lailahailallah Muhammadarosulullah

‘Jampi Menghindarkan Rasa Takut’:

Sima sia sima aing

Sima sia aya di aing

‘Wibawamu wibawaku

Wibawamu ada padaku’

Jampe Geumpeur ‘Jampi Grogi’:

Bismillahirrahmanirrahim

Allahumma roh madep

Cahaya hurip hurip ku cahaya

Roh kudus madep hurip ku cahaya Allah

Somad somud kalawan roh idofi

Kang angadeg

Hurip ku cahaya Allah

Roh hurip ku cahaya Allah

Madep maring Allah ku Allah (2X)

‘Bismillahirrahmanirrahim

Allahumma ruh menghadap

Cahaya hidup hidup oleh cahaya

Ruh kudus hiduplah oleh cahaya Allah

Somad somud beserta ruh idofi

Yang berdiri

Hidup karena cahaya ruh

Menghadap Allah karena Allah (2x)

Nyarang Hujan

Mega mengkol ka kulon

Haseup mawa ka kaler

Hujan mawa ngetan

Tungkul tuluy ka kidul

Aki tumenggung ajeg di tengah panggung

Disered meped ngaler, ngetan, ngidul, ngulon

Laahaula wala quwwata illa billaah

Menahan Hujan

Mega belok ke barat

Asap ke utara

Hujan ke timur

Tunduk lalu ke selatan

Kakek tumenggung tegak di tengah panggung

Diseret menepi ke utara, timur, selatan, barat

Laahaula wala quwwata illa billaah

Jampe Lumpat

Bismillahaahir rahmaanir rahim

Pur puyuh

Cleng peucang

Jagat ngariut

Batu beukah

Durungkeun ku sang dewa

Selasa, 26 November 2019

SAHADAT SUNDA JEUNG PANYIPUH ELMU

By Deden Heryana
SAHADAT SUNDA
Ashadu sahadat sunda
sahadat kaula ngan sahiji
raden santri kuncung putih
nu calik di cirebon girang
nu rebo tanpa wekasan
hurip gusti,waras abdi/(.......)
hurip teu keuna ku gingsir
waras teu keuna ku owah
hurip ku kersaning allah ta'ala
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

SAHADAT IMAN
ashadu iman tuhu
sahadat iman nuradan
iman ngadeg satuhune
qori allah korsi allah
korsi nabi rosululloh
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

SAHADAT SAJATINING DIRI
Ashadu dzat gusti dzat abdi, rasa gusti rasa abdi
jumeneng gusti jumeneng abdi,dzat sejatining manusa
kawasa sa alam dunya,tunduk takluk sakabeh mahluk
tunduk tanak kersa ku kawasa alloh
hirup langgeng di dunya ,hirup langgeng di akherat
kun sejatining manusa ruh kaula jasad, jasad kaula dunya ,
ruh kaula akherat
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

PANGONDANG IBU RATU KIDUL
Bismillahirrohmanirrohim…
Asyhadu alla ilaha ilallah wa asyhadu anna Muhammaddarrosulullah…
Bismidat Dalima Putih, Gumilang Cahaya ning Suci ing Wisesa…
Matih Sang Rama Wulung, Ya Ibu Ratu Agung, Sangiang Dangiang Hajah Nyai Dewi Roro Kidul….
Rawung Ka’anjeng Gusti Wali Tunggal…
Laluhur Saka Wayana si Nareng Ka’anjeng Syech Haji Wali Sakti Kudratullah…
Sumerep ing Genuruwah Sang Kremi Pelabuhan Ratu…
Dupe Ciri Wali Purwa tanpa Wekasan…
Tusta Usmaningani Tugtupku Kersaning Allah…

PANGEUSI DIRI
Abdi seja matihahan ,istighfaran ,Subhanalloh seluruh tubuh sedulur papat kalima pancer
Ghoib...Ghoib...Ghoibul...Ghoib sukma sari,sukma rasa,sukma tunggal,sukma akbar
sukma anu ngaraga sukma dina sukma sejatining manusa ngaraga sukma jeung badan kaula
sukma sampurna ning manusa tekad ucap laku lampah amal perbuatan aqli qouli fi'li ghoibi
sumsum balung ,urat lamat ,darah daging ,kulit bulu ,rasa perasaan ,pangawasa ,pengersa ,paninggal
pandingaran ,pangangseu ,kanyaho hirup hurip dzatna ,wujudna sampurna manusa
cai sucina angin,suci seuneu ,suci bumi , suci sir amarah,shawiyah,muthma'inah,lawamah,mardiah,
rodiah menuju li ala kalimatillah.

PANYIPUH ELMU PANGAWERUH
Burr sipuh pangaweruh,pangasahan pangawasa
hurungna ku gusti.lencopna ku allah ta'ala
LAA ILAHA ILALLOH MUHAMMADDUR ROSULULLOH

KUMPULAN JAMPE PAMULANG TELUH

By Deden Heryana

PAMULANG TELUH I
Allohuma balik sumpah wahid,roh beureum nyawa bodas
daun di bunteul ku daun
bisi aya nu sirik ti kidul,pamulangkeun deui ka kidul
bisi aya nu sirik ti kaler,pamulangkeun deui ka kaler
bisi aya nu sirik ti wetan,pamulangkeun deui ka wetan
bisi aya nu sirik ti kulon,pamulangkeun deui ka kulon
pur sapamulang,pamulang pamayangsari
sari pamulang rasa,rasa pamulang cahaya
pamulangkeun rasa kaula kanu sirik pidik jail kaniyaya
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

PAMULANG TELUH II
aing nyaho asal sia ratu teluh ti gunung agung
aing weruh dumuk sia si sang ratu ceda cawal buah reumbay
sang ratu gereleng herang baya, baya tan ku baya
nya sia nu baya ta mah hirup ku pangaweruh
waras ku pangawasa hiding ! hiding ! hiding !
istan ! istan ! istan !
mangprung ka gunung agung ka asal sia ,malik kana diri..."

PAMULANG TELUH III
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti kidul, di pulangken deui ka kidul,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti kulon, di pulangken deui ka kulon,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti kaler, di pulangken deui ka kaler,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti wetan, di pulangken deui ka wetan,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti luhur, di pulangken deui kaluhur,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti handap, di pulangken deui ka handap,
Blek bumi blek langit, blek nu dikawasaken, nya aing nu dikawasaken / nya (…sebutkeun ngaran nu geringna ) nudikawasaken, tawa aing tawa Galunggung ditawa kusang idu putih nu calik di Pangarengan, tawa tawe-tawa tawe di tawa ku sang idu putih ah tawa ku sang idu putih, aing nyaho diratu teluh, Sang Ratu Geleber Putih, nu calik di gunung Gulunggung.

PAMULANG TELUH IV
Siriwi kula siratin , Mina haji kurawul kabuli badan , 
Papag papupang-pulang, Cunduk nyungcung datang rahayu , 
Anu runtuh sira nu gempur , Nu ngadek sira nu paeh,

Nu nyimbeuh sira nu baseuh , Nu nyundut sira nu tutung,
Nya aing Ceda Wisesa Panca buana di buana panca tengah , 
Tiis ti peuting ngeunah ti beurang Ngeunah ku Allah Taala , 
Ya Allah hurip waras (3 X)

Rabu, 13 November 2019

KUMPULAN PANGABARAN, SIMA JEUNG ANTINA

By Deden Heryana

PANGABARAN I
Sri wedi banteng kala, kala nengak singa tulen, da aing teu katetep teuhidep, teukasima teu kaparibasa, da aing nunangtung dikarahayuan, maung ngamuk datang sadu, badak galak datang depa, oray laki datang numpi, oray welang datang nyampay, nya aing nungadeg, disarangenge.

 PANGABARAN II 
Siu guntur sima guntur simaung sima manusa, sima aing sima maung lain nyima ka kayu ka batu tapi nyima ka manusa 
disima ku kaliwasa ret meneng, ret meneng ku pangawasana,
sabda gumilang beubeur kancing nagawisnu (gumilang) 3X, (kepek) 3X, (ret meneng) 3X,
sungsum balung tulang sani sia ngalungkuruk sia kaya kapas kaibunan.

  PANGABARAN III
Munggang mali-munggang mali, munggang mali ratek peujit, peujit sia dibeulit- beulit, tulang sia ditumpang- tumpang, tutunggangan sabda kahimengan (ah himeng 3x) 
bali sia geusan ngajadi, santen sia geusan ngajanten (ret janten 3x) sungsum balung tulang sia ngalungkuruk kaya kapas kaibunan.

PANGABARAN IV (SIMA)
sima aing sima maung pangabaran singa macan sia sieun ku aing, lain aing nu sieun ku sia  nur haq nur.......(jleg nenjrag bumi)........
ashadu alla ilaaha illaloh....
wa ashadu anna muhammadarrosululloh..

PANGABARAN V (SIMA)
 Bismillahirohmanirrohim
Allahuma Rangga Komala
Muhammad Rangga Allah
Katibanan Cahya dening Allah
Pada anut pada asih kabeh jalma
Sujud madep naring isun
Tuh anom lanang wadon menak krama Jalma kabeh...
Syahadat 3X

ANTI PANGABARAN
Jampe mun geumpeur ku SIMA batur I
Sima sia sima aing
Sima sia aya di aing

Jampe anti ku SIMA batur II
Bismillahirrahmanirrahim
Allahumma roh madep
Cahaya hurip hurip ku cahaya
Roh kudus madep hurip ku cahaya Allah
Somad somud kalawan roh idofi
Kang angadeg
Hurip ku  cahaya aAllah
Roh hurip ku cahaya Allah
Madep maring Allah ku Allah (2x)