Senin, 24 Juni 2019

KUMPULAN WAWANGSALAN LENGKEP

By Deden Heryana
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silih asih, cinta atawa birahi.

1.   Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing = korma
2.   Abdi téh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah teuing = pengis
3.   Abdi téh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan = pisin
4.   Abdi ti ménak ka somah, gamparan mah ieu aing = umaing
5.   Ajag désa basa Jawa, lesuna teu aya tanding = asu
6.   Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing = asu
7.   Ajag lembur lamun engkang, énjing henteu wangsul deui = anjing
8.   Alat ngitung dipencetan. Rupa kasep tapi kotor = kalkulator
9.   Alat pikeun ngahudangkeun. sok sepor mah awak keker = beker
10. Alat pikeun urang ngobrol. Entong nganyerikeun hate = hape 
11. Alun-alun paleuweungan, gagal temen mun teu jadi = tegal
12. Anak beurit dina katung, kapan endén mundut encit = buncit
13. Anak munding masih nyusu, aduh endén buah ati = énéng
14. Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis = ngoyok
15. Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kamari = bodo
16. Areuy leuweung mérang daun, ulah sok japilus galih = pulus
17. Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi = lompong
18. Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati = walimah
19. Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwung
20. Aya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séro
21. Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal = udara
22. Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih
23. Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri = areng
24. Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit = elos
25. Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug = tajug
26. Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak = bayawak
27. Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka abdi = merak
28. Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abdi = camar
29. Baréto gé batur pirus, juragan geuning pelekik = akik
30. Batuk eungap hésé damang, saé sumping baé wengi = mengi
31. Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung = tipung
32. Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap = gelap
33. Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin = sekin
34. Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi = oray
35. Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka Carita = kareta
36. Béntang baranang di imah, samar bisa tepung deui = damar
37. Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji = tanji
38. Beulit cinggir simpay réma, ulah lali ka sim abdi = ali
39. Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan = amis mata
40. Beusi bodas cingcin kecrik, cumah baé dipicinta = timah
41. Biasa dipake masak. Kuring datang arek lapor = kompor
42. Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli = gulali
43. Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti = roti
44. Bilangan Jawa nu tujuh, abdi mah somah pituin = pitu
45. Buah kawung raranggeuyang, curuluk cisoca bijil = caruluk
46. Bulu panon wates taar, itu nyai mani geulis = halis
47. Cacangkir bahana beling, masing welas lahir batin = gelas
48. Cakcak gedé kadal bilik, ulah dipaké mokaha = toké
49. Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti = lasun
50. Cariang beureum beutina, nya pikir bati arewuh = cariwuh
51. Catetan bulan jeung taun, juragan ménak utami = almenak
52. Cau gedé ngan sasikat, taya teuing bagja diri cau = bagja
53. Cék lémék Jawa sumuhun, hayang téh ulah kapanggih = enggih
54. Cikur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi = panglay
55. Cisusu kentel dimasak, ulah téga-téga teuing = mantéga
56. Cucuk basa Malayuna, duriat henteu laksana = duri
57. Dadampar di pagulingan, alim ka nu kirang surti = kasur
58. Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim = lém
59. Daun kasap kosok méja, tobat ulah nolas teuing = hampelas
60. Daun tuhur na tangkalna, sok rus-ras ka nu teu aya = kararas
61. Désémber tangtu ditéma, geulisna lir widadari = Januari
62. Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkéwok teu kanyahoan = téwok
63. Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani = Cikuray
64. Dipakena dina raray, dipake oge di awak = bedak
65. Dipakena dina sirah. Urang ngobrol bari ngopi = topi
66. Dipake nutupan suku. kudu daekan babantu = sapatu
67. Dipake pikeun digawe. Ulah sok ngarasa pinter = komputer
68. Dodol gula digolongan, nu hina kaluli-luli = gulali
69. Dudukuy panjang gagangna, pikir bati ngalanglayung = payung
70. Dukun tukang ngemat héwan, abdi mah ku alim teuing = malim
71. Ékék lembut pupuntiran, tingsérédét kana ati = séréndét
72. Enggeus ka palupuh nangtung, ayeuna geus kapimilik = balik
73. Engkang téh ngajukut laut, seger mun tepung jeung nyai = ager
74. Gagang caruluk karadak, pantes mun rék dinyenyeri = langari
75. Gamparan mah sangu atah, keur ménak kawuwuh sugih = gigih
76. Gedang atah keur lumayung, engkang mah jelema ginding = gumading
77. Gedong luhur panénjoan, narah keur saheulaanan = munara
78. Gedong ngambang di sagara, kapalang geus béla pati = kapal
79. Gedong ngambang tengah laut, ulah kapalang nya béla. = kapal
80. Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit = rumah sakit
81. Hayam cempa lalayaran, matak teuing nyeri ati = meri
82. Hayam sawah dipiara, abong kanu apes diri = meri
83. Hayam tukung saba gunung, uyuhan teuing nya diri = puyuh
84. Hiris ngora deungeun sangu, abdi mah kapok téh teuing = kapokan
85. Hui bulu réa akar, bongan sok rayungan teuing = kamayung
86. Imah leutik tempat ngaji, teu asa ngalanggar cegah = langgar
87. Imah ngambang di sagara, ulah kapalang nya bela = kapal
88. Indung kuar hama sirah, nu kitu ulah digugu = kutu
89. Insuting ngadaun luhur, ari ras ka diri abdi = kararas
90. Isuk basa Malayuna, tangtos abdi rék sayagi = pagi
91. Jagong tuhur beunang ngunun, dunungan bagéa sumping = emping
92. Jalaran bibit kalapa, isin da abdi mah santri = kitri
93. Jampana bugang dadakan, panasaran diri kuring = pasaran
94. Jati leutik jagong ngora, dodolog kirang utami = semi
95. Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana = cara
96. Jukut jangkung pipir gunung, haté abdi panas peurih = eurih
97. Kacang panjang disayuran, bati ngageremet ati = gemet
98. Kacang panjang gagabengan, sakieu darajat kuring = jaat
99. Kacang jangkung leutik daun, engkang mah satria raris = hiris
100. Kadal gedé saba darat, pareng alus bagja awak = bayawak
101. Kadeuleu langir cainakayap-keyep anu geulis = keuyeup
102. Kalapa bakalan minyak, nu ampuh titis raspati = cipati
103. Kalong leutik saba gedang, sumedot rasaning ati = cocodot
104. Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun = barangbang
105. Kasintu di sisi situ, nu hayang kawanti-wanti =
106. Kauntun tipung katambang béas, laksana meunang ijasah = laksa
107. Kebon paré dicaian, siwah niat jalir jangji = sawah
108. Kembang biru di astana, abot pisah jeung kakasih = salasih
109. Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran = jeruk
110. Kembang jambé kara beukah, kumayangyang pikir abdi = mayang
111. Kendang gedé pakauman, dagdigdug rasaning ati = bedug
112. Kertas kabur kaanginan, kumalayang pipikiran = langlayangan
113. Ketuk leutik panayagan, ka abdi mah ningnang teuing = bonang
114. Keuyeup gedé saba laut, teu hadé liar ti peuting = kapiting
115. Kleub maén bal Maung Bandung, tos nasib kedah paturay = persib
116Koja awi dihuaan, sageuy lamun teu kasorang = korang
117. Kokotor saluar awak, da sanés rek hiri dengki = daki
118. Kota kuloneun Lampegan, purah-purah tunggu bumi = sukabumi
119. Kulit teuas tungtung ramo, baku osok nganyenyeri = kuku
120. Kuring mah kabedil langit, da puguh matak kalinglap = gelap
121. Kuring téh kamenyan konéng, rumaos kawiwirangan =
122. Kutu baju kuar sinjang, moal weléh tumarima = tuma
123. Lahang abri dibotolan, ningal anu suka galih = cuka
124. Laleur hideung panyeureudan, ngilari sakolong langit = reungit
125. Lampu leutik tengah imah, abdi samar méré idin = damar
126. Lamun kapalupuh nangtung, lamun jadi kapimilik = bilik
127. Lancah cai di walungan, engkang teu émut ka abdi = engkang-engkang
128. Langgir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap-keyepna = keuyeup
129. Lauk panjang dina parung, ari émut merod pikir = berod
130. Lauk rebing saba laut, karikari jalir jangji = pari
131. Lomari gede jeung tiis. Hidep sing sabar tur ikhlas = kulkas
132. Manuk apung saba eurih, haté asa didudutan = dudut
133. Manuk hawuk beureum suku, katingal keur imut leutik = galatik
134. Manuk lindeuk di buruan, kuring bati panas ati = japati
135. Manuk lisung anu jalu, dagoan di pasampangan = jago
136. Manuk renggé saba ulam, hayang tepi ka ngajadi = caladi
137. Manuk tukung saba gunung, uyuhan daék ka abdi = puyuh
138. Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing = ucing
139. Méga beureum surupna geus burit, ngalanglayun panas pipikiran = layung
140. Melak bangsal di kotakan, wayahna dék sabar diri = nebar
141. Mencek leutik saba alas, abdi daék ngaréncangan = peucang
142. Meri pendék ngojay hayam, henteu négtog pikir abdi = éntog
143. Meunang neang hese cape, sok beak ku budak alit = duit
144. Monyét hideung sisi leuweung, susah nu taya tungtungna = lutung
145. Mun inget mangsi Malayu, anjeun téh cinta ka kuring = tinta
146. Mun jagan kadadar tipung, upami kagungan rabi = surabi
147. Namina bilatung dulang. ulah api teu kadangu = sangu
148. Nengan elmu dipencetan, enak dahar kalapan jeung ketan = internetan
149. Nganyam bola jadi lawon, peupeujeuh kudu sing junun = ninun
150. Nu dahar taya sésana, ngan asa dipoyok badis = ledis
151. Nu gering geus rampus daharkuring mah mo payu deui = mamayu
152. Nu nutu miceun huutna, Mun awon moal ditampi = napi
153. Nya buah ngacung ka luhur, kuring mah sok panas ati = ganas
154. Nya hujan taya eureuna, abdi mah kalangkung ajrih = ngijih
155. Nyeupan sangu tacan timus, teu sanggup manggihan deui = gigih
156. Nyiar paré tutukeuran, teu pantes hayang ka abdi = nguyang
157. Nyiru gedé wadah bangsal, anjeun mah nsok sindir sampir = tampir
158. Nyiruan genténg cangkéngna, masing mindeng pulang anting = papanting
159. Pangcalikan tonggong kuda, kudu satia buméla = sela
160. Panumpang tumpak di hareup, entong leumpang bari maca = beca
161. Papan panjang tina kacang, dijual sahiji gope = tempe
162. Paparem ngawurah ketan, mokaha atuh da wargi = ragi
163. Paribasa petis Cina , hayang nepi ka cacapna = kécap
164. Péso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri = nulis
165. Péso patok kewung tungtung, hayang kapiajang teuing = rejang
166. Péso raut Cibarusa, sugan welas ka nu miskin = sekin
167. Pikeun urang nulis elmu. Sing palinter ngeusi saku = buku
168. Pileuleuyan kebo gunung, ngadadak tineung nya pikir = badak
169. Piunjuk duméh rék wangsulsanés abdi rék cilimit = pamit
170. Puguh mah ubar muriang, nu hina leuwih ti misti = Kina
171. Puter putih saba lembur, kuring seja béla pati = japati
172. Ranté ngait kana baju, Memang geus cumantél ati = cantél
173. Rupa warna dina taneuh, sok dienteupan ku kumbang = kembang
174. Saluhureun calana, ari hirup kudu maju = baju
175. Salendro di papanggungan, ngomong kalepasan teuing = koromong
176. Sanggal hideung saba ranca, témbong léléwa nu manis = lélé
177. Sangrayan peupeus meueusan, ulah jadi rengat galih = rengat
178. Santri miskin geus maréman, tangtu tiis pikir abdi = pikir
179. Sapikul katian Cina, malah kumplit sareng cingcin = dacin
180. Séndok batok digagangan, geus lawas abdi ngalayung = gayung
181. Séréh leuweung turub saung, haté abdi panas peurih = eurih
182. Situ bendung di Citarum, gulang-guling ngan sorangan = Saguling
183. Sok dipake dina suku. hayang pok tapi teu kedal = sendal
184. Sok maju lamun ditincak, teu sarua jiga kadal = sendal
185. Sok rajeun ngabuah kawung, curuluk cisoca bijil = curuluk
186. Srangéngé bijil ti peuting, rék sabulan rék sataun = bulan
187. Tangkal Jangkung, buahna aya buukan = rambutan 
188. Tegal tengah nagara, laun-laun sugan hasil = alun-alun
188. Tempatna ngajual barang. Ulah sok resep ngaroko = toko
190. Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut = simeut
191. Teu beunang dipiring leutik, teu beunang dipikaisin = pisin
192. Teu beunang diopak kembung, teu beunang dientong-entong = kolontong
193. Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang = hayam
194. teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan = sasagon
195. teu beunang disitu lembur, teu beunang diulah-ulah = kulah
196. Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun = kéjo
197. Teu beunang ditihang pondok, teu beunang dideudeuleukeun = deudeul
198. Teu beunang ditiwu leuweung, Teu beunang dipikasono = kaso
199. Teu beunang diwaru leuweung, Teu beunang diboro-boro = bisoro
200. Teu puguh monyét hideungna, teu puguh tungtungna = lutung
201. Tepi ka kélor héjona, tepi ka antukna = katuk
202. Ulah sok kapiring leutik, ulah sok kaisinan = pisin
203. Wadah minyak tiana beling, jadi budak kudu getol = botol
204. Walanda hideung soldadu, umambon engkang ka nyai urang = Ambon
205. Warisan sekin pusaka, haturan nyai pribadi = bayawak 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar