Jumat, 28 Juni 2019

KUMPULAN SISINDIRAN LUCU


A
Are - are daun pare
Sayang manuk di buruan
Awewe teu daek sare
hayang manuk nu buluan

Aya huma dekeut situ
Eta huma nu bogana randa
Naha urang sunda teh kitu
Alim nyarios ku basa sunda

Aya kacang geus garing
Meulina di parapatan
Aih lain salah kuring
Naha hitut diiseupan

Aya jalma teu boga alis
Sabab getol dikerokna
Neng geulis tong gumeulis
Sabab rujit katenjona

Aya listrik di masigit
Caangna ka pabrik kina
Aya istri jangkung alit
Hanjakal teu dicalana

Aya roda na tanjakan
Katinggang ku pangpung jengkol
Aya randa gogoakan
Katinggang ku hulu botol

Ayeuna usum paceuklik
Ngan osok ka selang hujan
Si fachrul awakna leutik
Siga tuyul di pancoran

Awak kuru meni begeng
Geus begeng tambah cembetut
Aya awewe ekeur nonggeng
Singhoreng ekeur ngaluarkeun hitut

B
Bangbara dina bangbarung
Kulit munding kahujanan
Sangsara di jero padung
Gulang guling ngan sorangan

Boboko ayakan petot
Papais teu di bitingan
Kabogoh kuring anu peot
Di ais kalah ngisingan…..

C
Caang bulan opat belas
Kacai ditiung anduk
Aya mojang matak waas
Erloji ge meunang nganjuk

Cai limun dina papan catur
Buah kadu na buruan
Lamun hayang loba batur
Kudu akur jeung babaturan

Cau kepok keur rumegang
Dieunteupan bonol hejo
Keur dekok katamah egang
Ditambah olol leho

Cing cangkeling
Pais lele di surawungan
cing nyai cicing
urang cium lalaunan

D
Didieu loba kanyere..
“Hanjakal parentil keneh..
“Didieu loba awewe..
“Hanjakal carentil kabeh

E
Ecet-ecet oet-oet
Ngaronda ngarurek beulut
Kapelet kuring kapelet
Ku randa nu gede hitut

H
Hanyakal ngadu kaleci
Liang belut ngagedean
Hanyakal boga salaki
Liang .... ngagedean

Hayu urang mupu tiwuohan
malah mobok pagu
Huntu linu murukusunu
bongan tara ngosok huntu

Hoyong teuing angen waluh
Angeun waluh di surawungan
Hoyong teuing geura wawuh
Tos wawuh rek di tepungan

I
Ibu peri milih casan..
Ngan hanjakal teu dibeuli..
Itu istri geulis pisan..
Ngan hanjakal tara mandi

J
Jalan jalan ka kota bogor
Tong poho meuli batagor
Aya naon di jeuro kolor
Hiji pestol dua pelor

Jeruk purut Cikaruncang
Jambu aer wanayasa
Camerut hayang ka bujang
Susu laer teu karasa

K
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat melak jambu bol
Kaduhung boga salaki
Nangkarak di geol-geol….

Ka mana jalan ka jogja
Ka ditu ka palih wetan
Ka mana jalan ka surga
Ka ditu kapangaosan

Ka Pasteur Jalan Dr. Junjunan
Balik gawe naek jalan layang
Aduh Lieur ngabandungan
Boga awewe loba kahayang

Kapinis diadu layung
Macokan kembang kalapa
Nu geulis tara ditiung
Durukeun seuneu naraka

Kaso ponok kaso panjang
Kaso ngarumay ka jalan
Sono monok sono nganjang
Enjing ge bakal pateupang

Kaso pondok matak nyogok
Kaso panjang matak nyugak
Anu pondok jadi orok
Anu panjang jadi budak

keur ngaronda katirisan
usum ngijih ngenah metis
aya randa geulis pisan
geulisna leuwih ti artis

L
Lamun maneh boga keris
Sok paehan luak hiu
lamun maneh bisa basa inggris
Sok naon artina LOVE U

Lantera lampu lantera
Di kumbah di beresihan
hampura atuh hampura
jorok oge da sisindiran

Lauk emas dina ganggeung
Disameran ku japati
Boga emas moal langgeung
Teu cara boga pangarti

M
Majar maneh cengkeh koneng
Kulit peuteuy dina waru
Majar maneh lengkeh koneng
Kulit beuteung meuni nambru

Mak tarasi tutung
Keun urang balikeun
Mak si nyai punung
Keun urang kawinkeun

Manuk ciung na pisitan
Buah nangka aratah keneh
Mun dicium kunu kumisan
Sabulan karasa keneh

Manuk ciung meni umpak
Di oyag oyag ku beurit
Hayang nyium bari numpak
Bari ngoyag ngoyag birit

Melak saledri sareung kangkung
Tangkalna dua ngahiji
Loba istri di tariung
Hanjakal teu bisa ngaji

Meuli daging ka ciawi
Jalan na ka singaparna
Judang jeuding kasalaki
Teu di bere eusi calana

Meuli kantong anu hideung
Mani sae katingalna
Bae teuing urang hideung
Nu penting alus ahlakna

Meuncit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeuri ku panyakit
Kabogoh di rebut batur

Mulung tanjung tengah gunung
meunang cangkilung saguruntul
Nurus tunjung mbah dukun
ceunah nulung malah rahul

N

Ngala eurih ngala eurih
Sapoe meunang sadapur
Nyeuri peurih nyeuri perih
Awewe kuring d rebut batur..

Ngala saga sisi huma
Di samberan ku waliwis
Tiis raga tiis sukma
Lantaran jadi kanu geulis

Ngala tutut ka talaga
Alat na pacul ayakan
Kitu patut hayang ka surga
Solat nage elat-elatan

Neundeun siwur luhur sumur
Nuna batok wadah gula
Rejeung batur kudu akur
Ulah osok parasea

Ninyuh ubar ku cipati
Di wadahan piring geulas
Anu sabar eta pasti
Ku Allah dipikawelas

O
Obat nyamuk katiup angin
nyangsang dina kandang domba
kuring ngamuk menta kawin
hayang pisan ka nyai randa

P
Pedah kuring kuralang kuriling
ucing ge’ring ngahariring
Tengah peuting jarempling
kuring nyaring hayang ngising

Pekalongan kota batik
Alusna ka bina-bina
Bae teuing urang leutik
Nu penting pinter otakna

S
Salawe dua puluh lima
Mobil Sedan Cetna Hejo
Awewe jaman ayeuna
Bisa dandan teu bisa ngejo

Salawe dua puluh lima
Sayang piit na buruan
Awewe jaman ayeuna
Hayang .... nu buluan

Salawe dua lima
Sate kodok dicolok-colok
Awewe jaman ayena
Make anderok papondok-pondok

Saninten buah saninten
Saninten di parapatan
Hapunteun abi hapunteun
Bilih aya kalepatan

Suwangkung ulah dihumbut
Pikeun tihang papanjangan
Nu jangkung ulah sik imut
Bilih kuring kaedanan

Sok hayang ka kadipaten
Meuli bandeng salawean
Sok hayang jadi panganten
Ngarah mineng ganti pakean

T
Tongeret dibaju hejo
Cau amon dua deui
Tong direret tong ditenjo
Kuring mah geus boga deui

Tutut lain sembarang tutut
Tutut dicandak ti Cirangkong
Hitut lain sambarang hitut
Hitut gede siga bangkong

P
Piring pisin diragaji
Colenak dikalapaan
Abdi isin ku paraji
Boga anak euweuh bapaan

Pita naon pita naon
Pita hideung na kalapa
Eta naon eta naon
Anu kembung dina dada

Tidak ada komentar:

Posting Komentar