Jumat, 21 Juni 2019

NGARAN WANCI DINA 24 JAM

1. Wanci janari gedé => kira-kira tabuh 01.00 – 03.00 peuting.
2. Wanci janari leutik => kira-kira tabuh 03.30 – 04.30
3. Wanci balébat => waktu pajar geus udat-udat (sinar panonpoé) beulah wetan (± tabuh 04.30)
4. Wanci carangcang tihang => wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (± tabuh 04.30 – 05.00)
5. Wanci haneut moyan => waktu sedeng ngeunah dipaké moyan (± tabuh 07.00 – 08.30)
6. Wanci rumangsang => waktu panonpoé geus mimiti karasa panas (± tabuh 09.00)
7. Wanci pecat sawed => waktu munding anu dipaké magawe dilaan sawedna (± tabuh 10.00)
8. Wanci manceran/lohor => waktu panonpoé luhureun sirah, tengah poé (tabuh 12.00)
9. Wanci lingsir ngulon => waktu panonpoé geus mimiti gésér ka kulon (tabuh 13.00)
10. Wanci panonpoé satangtung => ± tabuh 15.00 waktu
11. Wanci tunggang gunung => panonpoé geus rék surup, ayana dina luhureun gunung (± tabuh 16.00-17.00)
12. Wanci sariak layung => waktu layung (sinar panonpoe) di langit katénjo beureum. (± tabuh 17.00 – 18.00)
13. Wanci sareupna => geus mimiti reup poék (± tabuh 18.30)
14. Wanci sareureuh budak => waktu budak leutik geus mimiti carapéeun tas hareureuy jeung dulurna (± tabuh 20.00)
15. Wanci tengah peuting => ± tabuh 24.00

Tidak ada komentar:

Posting Komentar