Rabu, 11 Desember 2019

MAKRIFAT HAKEKAT SUNDA WIWITAN

By Deden Heryana
Isi Makna Hakekat dari Sunda Awal :

1. Assalaamu ‘Alaykum, Kasadaya Kaum Dangu, Ka Bapa Sinareung Ibu, Para Wargi Sadaya, Anu dimulyakeun Ku Alloh, Mugi Keunging Rohmat Alloh

2. Bismillah Abdi Ngawitan, Ku Nyebat Jenengan Alloh, Anu Sifat Rohman Rohim, Anu Welas Keur di Dunya, Anu Asih Keur di Aherat, Salamet Dunya Aherat

3. Hapunteun Anu Kasuhun, Ka Para Wargi Sadaya, Sa Acana Cacarita, Bilih Aya Kakirangan, Bisi Keursa Ngahapunteun, Kadiri Abdi Nu Do’if

4. Sing Eling Kana Wiwitan, Sing Terang Kana Wekasan, Da Urang Mah Urang Sunda, Sing Terang Hartosna Sunda, Eta Teh Siloka Diri, Urang Supaya Mawas Diri

5. Ari Eta Harti Sunda, Sunda Teh Anu Wiwitan, Wiwitan Sakabeh Mahluk, Nu Gelar di Alam Dunya, Ngagelarkeun Alam Rame, Mangpa’at Dunya Aherat

6. Arti Sunda Anu Nyata, Ngandung Harti Dua Ma’na, Hayu Urang Marana’an, Nu Ka Hiji Harti Sunda, Geura Susun Dina Dada, Sing Tetela Reujeung Nyata

7. Ma’na Nu Kadua, Eta Ma’na Anu Pasti, Pangakuan Jati Diri, Ari Dirina Nu Pasti, Pastina Asal Ti Gusti, Dirina Anu Sajati

=======
8. Pangakuan Anu Pasti Teh, Nya Ingsun Dzatna Alloh, Tah Didinya Ulah Bongoh, Lamun Urang Heunteu Nyaho, Kudu Daek Bodo Alewoh, Ulah Beunang di Bobodo

9. Tah Urang Teh Kudu Yakin, Yakin na Aenal Yakin, Ilmal Yakin Haqqul Yakin, Supaya Urang Teh Eling, Waspada Kana Wekasan, Elingna Kana Wiwitan

10. Sangkan Urang Ulah Sasar, Sasarna Ku Lampah Urang, Sasarna Teu Nyaho Jalan, Jalan Urang Pikeun Mulang, Mulangna Ka Asal Tadi, Bongan Hirup Lalawora

11. Hirup Ka Tungkul Ku Pati, Paeh Teu Nyaho Di Mangsa, Mangka Ulah Lalawora, Sabab Ajal Bakal Datang, Beurang Peuting Ngadodoho, Mangka Eling Ulah Poho

12. Sakitu Nu Kapihatur, Mugi Agung Cukup Lumur, Neda Jembar Hampurana, Mugi Alloh Nangtayungan, Ka Diri Abdi Sadaya, Amin Ya Robbal Alamiin

Sunda Wiwitan,
“Sunda Awal Itu adalah Orang yang Memiliki Cita-cita Luhur Tuk Mempersatukan Umat Islam Semuanya Tanpa Memandang Bendera Apapun & Orang Sunda Itu Adalah Orang yang Telah Makrifat Kpd Robbul Izzati. Maka Itu, dimanapun Negaranya Itu diistilahkan sbg Orang Sunda. Maka Itu, Kita Harus Mendekati Kpd Orang-orang Sunda Ini & Menjadi Orang Sunda Berdasarkan Versi Sunda Wiwitan Ini”


Tidak ada komentar:

Posting Komentar