Kamis, 12 Desember 2019

LEMAH SAGANDU SUNDALAND

By Deden Heryana

Leman Sagandu mempunyai konotasi yang luas yaitu Sundaland atau Nusantara (Nuh-Santara) atau Nusa Jawa (Nuh-Sa Jawa/ Pulo Sapi).


Saur Sepuh baheula-baheula deui sundaland ieu dunya jadi lautan, dina waktu jaman nabi Enoh sadayana pramu-pramunggu tanah sunda naraek ka Gunung, diantara Gunung Cakrabuana.

Saparantosn saat tinu banjir tanah sunda jadi pulo-pulo nyaeta jadi Nusa Jawa/NuhSantara. Nusa Jawa/Nuh Santara jadi dua bagian nyaeta :

Tanah Pasundaan watesna kali serayu - kali pamali Tanah Jawa, Pulo Harepan nyaeta Sumatra, Kalimantan (Borneo), Sulawesi, Maluku, Irian, Timor, Flores, Lombok, Bali, Madura, Ambon, Sumbawa jeung pulo-pulo nu laleutik, malah malaka (malaysia) ngahiji oge.

Kacarioskeun saparantosna ka keueum ku pulo Jawa Kosong, anu aya jalma ditengah-tengah Pagunungan kitu oge teu loba, anu aya tinggal bangsa siluman-sileumin jeung sato-sato nu garalak. (Tinu cutatan wawacan sunda ti Darmaraja).

Tinu Buku Rucatan Darmaraja anu turun tinurun kacaritakeun kieu ; 

Mangsa pulo jawa ngahiji aya tiluan sadulur katurunan Nabi Nuh wastana Purbawisesa, Terahwisesa jeung Ratu Galuh daratang ka wewengkon tegalan buleud dikurilingan pasir-pasir jeung pagunungan, wujud alam lir ibarat buleud gula kawung, ku alatan kitu disebut lemah sagandu. Di dinya pisan pisan nu tiluan ngareureuhkeun kacape, lantaran badaratna ti nagri Hindustan asruk-asrukan parat nepi kadinya welasan taun.

Pangna nu tiluan asruk-asrukan lantaran diparentah ku guruna kudu nyaruakeun gambar jeung alam, sarta kudu neangan batu bodas pasagi opat. Ceuk Guruna gambar leuwih gede batan alam, atawa leuwih heureut ti batan gambar. Gusti ngadamel ciciptaan dina wujud batu hideung jeung batu bodas. Batu Hideung katimu di Mekah, sedengkeun Batu Bodas lebeng teu kapanggih.

Arinyana asruk-asrukan neangan batu bodas bari nyaruakeun gambar jeung Alamna. Tetep kayakinana alam leuwih lega ti batan gambar, najan sanajan guntreng jeung hatena lebeng ku jawaban, pamuntanganana nu tiluan kateuhak ku ka keuheul. Ceuk pikir Purbawisesa, guruna ngalejokeun sirikna nitah sangsara. Beda jeung pamanggih Ratu Galuh keur dirina lunta ti Negeri Hindustan parat nepi ka wewengkon Lemah Sagandu leubeut ku pangalaman.

Tegesna kapeurih sangkan jadi peurah pikeun ngudag ambahan hirup.

Pangalaman nu ka sorang mukakeun, jandela hate jeung pikiranana, ngudag nu can katimu, nu can nyata kalayan mesek siloka nu diajarkeun ku guruna. Alam ibarat lambaran buku, mangsina laut, jajadiannana silib tulisan. Gambar alam mertelakeun kahayang manusa tegesna leuwih lega ti batan alam. Buah pikiranna dilisankeun kanu duaan kalayan daria.

Purbawisesa ngalahir, "ngalebahan kecap ki adi kacida jerona, watek nganteur ingetan kana pituduh guru, yen alam teh jajadian Pangeran, watekan bisa digambar ku manusa. Tapi kudu kumaha nyaruakeunana?.  

Gasik Ratu Galuh ngajawab, :"ceuk panempo lahir mah yakin alam leuwih lega tibatan gambar, sabab alam bisa digambar dina kulit sato atawa daun lontar, tapi ceuk panempo hakiki bisa lega gambar ti batan alam, sakumaha sabda guru. Saupama kayakinan geus ngahiji dina HATE, bakal surti kana siloka", tembalna teteg pisan.

Nu gunem catur jempe lir gaang katincak, pada-pada silih jugjugan HATE. Dina kaayaan kitu ngajenggelek Resi kasep ngalempereng koneng, nu tiluan ting raranjug awahing kaget, jedog aweh salam. 

Purbawisesa nyarios, "Neda agung cukup lumur, neda hapunten nu diteda, jisim abdi seja tumaros, dupi salira teh saha, upami bade angkat, angkat kamana?" 

Resi ngawaler bari seuri mesem, tuluy nyabda "sanajan hidep sewang-sewangan, sabab lamun rea nu can apal kudu ngaji nu geus apa, lamun can nyaho kana hiji perkara-perkara anu geus nyaho. Lamun hayang nyaho nu poek kudu cicing dinu caang, lamun hayang nyaho anu caang, kudu cicing dinu poek. Supaya aranjeun bisa mesek siloka prak geura tapa di dieu". 


Insun Sunda Linggahyang Ageman Medal, Ajaran Gunung, Gumulungna Diri jeung Alamna Da aya NU BOGANA NU MAHA A-HU-ng


Resi Agung ilang lebih tampa karana, nu tiluan olohok mata simeuteun. Tuluy medal sila badarat neangan tempat nu payus keur tapa.  (Buku Rucatan Budaya Darmaraja)

Haji Saka eta namana, ayeuna urang ganti catur, Haji Purbawisesa anu urang kocap, gawena pulang anting, kahareup sareng katukang, bulak-balik gawe na teh, ka hareup ngawejang elmu ngaran wetan anu kasebut, malik deui eta majuna. Ka katuhu deui majuna, ngitung balung larawat ngaji nu bakal diaosna dingaranan nama kidul, malik deui eta ngaosna. Katukang ngawejang elmu, didinya muka ogan, sareng deui didinya ngaos, sareng bari nulis lontar, jang bakal alam padang, harita jagat masih sagara.

Haji Purbawisesa tunda deui, kocap Haji Terawisesa, gawena meureutan jagat bae (nyieun pupunden), dua belas gunduk lobana, eta jagat masih obah nya jadina di eta Gunung, jadi dua belas. ka hiji Gunung Rengganis, Kadua Gunung Padang, katiluna Gunung Lingga, kaopat Gunung Surian, kalima gunung Cakrabuana, ka genep Gunung Penuh, ka tujuh gunung Sangiang, ka dalapan Gunung Jati, ka salapan Gunung Sunda, ka sapuluh gunung Buarangrang, ka sabelas Gunung Jagat, ka sabelas Gunung Jagat, ka dua belas Gunung Agung (Galunggung). ~ (Buk Pakuning Alam Darmaraja).

Nyieun Pupunden tangtungna teu sorangan da aya keneh nu harirup...

Upami eta Ogan nu kasebat moal kitu Ogan Komering ilir, da didinya seueur situs Batu Satangtung??

Wallahu Alam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar